Lagu: MUGYA LANA BASA SUNDA

Dina raraga mieling Poe Basa Sunda (Basa Sunda we nya? apan basa indung urang mah Basa Sunda) sim kuring ngadamel rumpaka lagu tur disanggi ku saderek Ilham N + Kresna (Mahasiswa Jurusan Sunda UPI). Kahoyong mah eta kawih ngahudang sumanget ngalarapkeun Sunda. Sagedengeun ti eta, asa teu acan aya nu nyanggi mars lagu poe basa Indung. Manawi bae ieu kawih tiasa dihaleuangkeun dina unggal mieling poe Basa Sunda.

Atuh enjing dina helaran (konvoy) sareng ngariung di gasibu, sim kuring tos mapadonan para mahasiswa sangkan ngahaleuangkeun ieu kawih. Sanaon teu tiasa ngiring dina dinten Ahad margi aya tugas nagara (hanjakal, hanjakal pisan. What Iam lost a moment!), mung sumanget mah ngiring ngagedur sareng sadayana nu nuju mieling.

Sanggian ieu kawih dina not angka. Ku kituna, para guru sareng praktisi sanesna, utamina nu tiasa waditra, tiasa nyosialisasikeun atanapi ngawanohkeunana ka masarakat rea. Serat kanayagaanana tiasa ditingal dina lampiran. Anapon rumpakana nu leres mah ieu di handap.

MUGYA LANA BASA SUNDA

Yu hudang!!!
Hayu nguniang tandang (tandang)
Basa Sunda hirup manjang (manjang)
Mun urang ajeg tangtungan

Nyarita ku basa Sunda
Ngadoa ku basa Sunda
Fesbukan ku basa Sunda
Mitresna ku basa Sunda

Basa Sunda larapkeun dina seni
Basa Sunda larapkeun dina elmu
Basa Sunda larap na tehnologi
Basa Sunda larapkeun dina hukun

(Pasti bisa!!!)

Basa Sunda larap dina niaga
Basa Sunda larapkeun na tatamba
Basa Sunda larapkeun na agama
Basa Sunda larap di kaprajaan

(Tangtu bisa!!!)

Basa Sunda hirup di dunya nyata
Basa Sunda hirup di dunya maya
Basa Sunda cacarita
Ba(ha)sa Sunda ngadunya

Nb:
Upami aya nu lepat dina lampiran, ngacu kana rumpaka ieu.

LAMPIRAN

Mangga wilujeng ngahaleuang! Wilujeng durang durirang…
kaca 1: Mugya Lana Basa Sundakaca 2: Mugya Lana Basa Sunda

2 tanggapan untuk “Lagu: MUGYA LANA BASA SUNDA

  1. Emut waktos abdi kuliah diwanohkeun kana lagu ini pami teu lepat mah lagu ieu nembe diciptakeun… duh harita mani muriding muringkak waktos di kelas ngalagukeun ieu kawih. Saolah aya hiji kakuatan jeung kawajiban ka abdi (salaku mahasiswa JPBD) pikeun ngamumule basa Sunda.

Tinggalkan komentar