DUDUH DURAHMAN DINA SAWANGAN JEUNG KRITIK

Ieu seratan Chyé Rétty Isnéndés teh aya dina buku TAPAK LACAK DUDUH DURAHMAN

/1/13308403_10206760888885592_502156377313841062_o

BÉJA-BÉJA SUNGKAWA-3

: Abah DD

Wilujeng angkat
Geus dipulasara ajéning diri nu ditaratas
balayna ditatapakan ku salira

Wilujeng angkat
Mumbul dunga katumarima jeung kaajrih
tina pamilihna nurusan pucuk nu ngareuy

Wilujeng angkat
Di pasir manis daun-daun maluguran
salira istirah imutna teuing ku tingtrim

Sukawangi, Désémber 2008

Ngahaja ieu tulisan dibuka ku sajak, nu dikotrétkeun sabada Abah Duduh Durahman dipendem di Ciwidey. Memang waktu Abah ngantunkeun, kuring harita henteu milu nganteurkeun ka pusarana, da harita téh keur Lebaran di Sukabumi. Tapi rasa leungiteun tangtu minuhan dada kuring nepi ka trét-na pisan jadi sajak.

Abah Duduh tangtu jadi ngaran penting dina kapangarangan kuring, lantaran ku anjeunna pisan karya-karya kuring dipilih turta dimuat dina Manglé, utamana carpon jeung ésai. Salian ti ngaran Duduh Durahman, aya Karno Kartadibrata jeung Rosyid É. Abby nu mukakeun jalan pikeun sajak-sajak kuring dimuat dina Manglé jeung Galura, nepi ka kuring dikenal minangka panyajak ongkoh, salian ti pangarang téh.

Carpon-carpon kuring nu dimuat dina Manglé kurang-leuwih 100-an. Nu dimuat dina mangsa karédakturan Abah Duduh kurang leuwih 70-an ti antara taun 1994-2008. Ieu jadi hal nu luar biasa upama dipatalikeun jeung padamelan Abah Duduh maca, ngoréksi, nepi ka ngarévisi, nu tangtuna lain baé naskah ti kuring nu kudu dibaca tapi ti ratusan pangarang séjénna. Abah Duduh kacida ageung peran jeung jasana ‘ngajaga gawang kasusastraan Sunda dina média massa’, hususna dina majalah Sunda Manglé nu monuméntal.

Tina pangalaman sorangan, dina padamelanana, Abah résponsif kana tulisan pangarang ngora harita. Malah mun sorangan ka Manglé bari néang honor (bari ngasupkeun deui naskah carpon), terus pendak jeung Abah Duduh, anjeunna sok ngagupayan ngajak ngobrol-diskusi perkara naon baé. Abah Duduh ge upama ngritik sok langsung, upamana bae perkara kecap wewengkon nu teu dipikaharti tur kudu diganti, kalimah, judul, nepi ka ending carita nu dianggap teu merenah sok ditepikeun ka kuring bari sok direvisi langsung ku anjeunna. Upama nyebutkeun kurang jeung goreng, anjeunna sok togmol. Kitu deui waktu nepikeun yen carpon kuring alus atawa meunang Uu Rukmana Award, Abah najan geus nulis bejer pangajenna, tetep nepikeun sacara lisan kapunjulan carpon kuring sacara langsung.

Mémang teu sakabeh carpon kuring dimuat ku anjeunna. Hiji mangsa mah kuring kareureuwasan pédah aya nu mawa béja yén naskah kuring disoékkeun ku Abah. Kuring mani ngadégdég bakating ku teu nyangka, sieun kitu sieun kieu. Sieun naskah kuring goréng pisan atawa teu étis idéologis, da éta mani disoékkeun sagala. Kitu dina pikir téh.

Inget baé dina sesela kasibukan démo-démo (taun 1998 taun kalima kuliah), kuring indit ka Manglé seja nanyakeun hal éta. Boro-boro ambek naskah disoékkeun, harita mah ngarasa teu walakaya wé. Keur mah eukeur nyanghareupan sepuh jaba senior deuih dina karekdakturan, nu legok tapak genténg kadék. Kuring ati-ati pisan nanyakeun éta hal, bari panon mah panas hayang léwéh.

“Naskah nu mana?”

“Nu ngeunaan démo, Bah.” Ceuk kuring.

“Euh éta, henteu, henteu disoékkeun. Ceuk saha? Ngan ku Abah dihijikeun jeung naskah nu teu kapaké.” Plong téh haté…

“Ku naon margina Bah? Teu kaanggo?”

“Éta ceuk Abah lain carpon, tapi réportase”

“Naha Bah?”

“Enya bet Ci (kalan nyebut Ci kalan nyebut Retty) siga ngalaporkeun peristiwa démo, henteu cara carpon sasarina. Siga berita, feature. Coba benerkeun deui téknis nulisna.”

Kitu alesan anjeunna. Nepi ka kiwari éta softfile naskah téh duka dimana. Hanjakal naskahna teu dipénta deui ku kuring harita, padahal éta téh dokuméntasi sajarah dina mangsa réformasi. Hanjakal pisan puguh.

/2/

Wanoh ka Abah Duduh téh sasat jasana Himpunan Mahasiswa Jurusan Sunda nu harita diketuaan ku Kang Asép Dachlan (kiwari tos jadi haji sareng guru/PNS). Himpunan taun 1993 ngayakeun kagiatan Pasanggiri Nulis Carpon sa-Jawa Barat, duka saha koordinator pasanggirina, hilap deui.

Kuring nu kakara semester hiji (Nopémber 1993) miluan. Mémang harita kuring geus boga dua carpon meunang hésé tekal-tekil ngarang, da tugas wajib dina OPSPEK (oriéntasi pengenalan kampus pikeun mahasiswa anyar). Tah waktu aya pasanggiri éta, kuring tihothat ngarang. Dikotrét dina buku tulis sagala méméh diketik térékték téh. Geus réngsé dibikeun ka panitia di himpunan. Teu ngarepkeun meunang tangtuna gé da loba lanceuk angkatan nu geus dimaruat karyana tur geus ‘jaradi pangarang’, mariluan.

Maret 1994 asana téh, dibuka tah pasanggiri téh. Saméméh dibuka aya  pertanggungjawaban ti déwan juri, nu kaleresan Abah Duduh pisan nu nyariosna dina seminar sastra, ari wawakil ti mahasiswa nu nyarita, Imas Rohilah (angkatan 90). Enya baé waktu diumumkeun ku panitia, carpon kuring nu judulna ‘Wirangrong Ibi Asmi’ teu jadi pinunjul. Pinunjul nu kahijina nu Imas Rohilah (mahasiswa S1 taun 1990), kadua saha –hilap deui, katilu Yayah Mariyah (mahasiswa D3 taun 1991).

Teu jadi leutik haté, bungah wé geus bisa miluan pasanggiri. Dina waktu istirahat, duka kumaha mimitina bet kuring bisa ngobrol jeung Abah Duduh. Éstuning anugrah ti Nu Maha Kawasa waé éta mah, kudu kitu caritana. Minangka mahasiswa tingkat hiji, kuring ngarasa éra ditanya ku Abah.

“Tingkat sabaraha? Miluan henteu pasanggiri?”

“Ngiringan”, cek téh.

“Aéh, saha ngaran jeung naon judul carponna?”

“Chyé Rétty Isnéndés, judul karanganana ‘Wirangrong Ibi Asmi’.” Kitu ngajawab teh bari éra.

Abah siga nu kagét. Laju anjeunna nyarios. Kieu kurang-leuwihna mah.

“Euh nu éta. Nu éta téh pabeurat-beurat beusi jeung nu Yayah nu jadi juara katilu. Ngan nu Yayah kaciri geus loba pangalaman”.

Muhun-muhun wé kuring harita ngajawab bari teu ngarti pangalaman naon –béh dieu kapikir sotéh, pangalaman nulis meureun nu puguh mah da Yayah karanganana remen midang dina Galura. Kuring cicing wé, mani bungah dikitukeun téh. Teras Abah nyarios deui.

“Ké, sabenerna keur muatkeuneun mah geus layak pisan éta carpon téh. Ké ku Abah ditingal deui,” saurna.

“Abah, da abdi tos ngintun dua carpon ka Manglé.” Bari asa-asa kuring bébéja. Abah kagéteun deui.

“Naon judulna?” Abah mariksa.

Ku kuring disebutkeun judulna. Abah unggut-unggutan. Ti dinya anjeunna naros perkara ngaran, ti mana asal, jrrd. Waktu disebutkeun ti Sukabumi, Abah langsung nyarios, aya pangarang Sukabumi nu karanganana hararadé, saurna. Jenenganana Djohar Éfsa. Ceuk kuring, pun aki, aki ti gigir, rayina pun aki teges. Abah melengék deui.

Ngan sakecap ahirna anjeunna nyarios, “paingan”, cenah.

April 1994, enya baé karangan kuring ‘Wirangrong Ibi Asmi’ dimuat dina Manglé, bulan hareupna ‘Manggung’, bulan hareupna deui ‘Kacanirbangban’. Ti dinya mah tuluy baé murudul carpon jeung sajak téh, ku Abah teras dimuat deuih. Alhamdulillah. Di Jurusan, Pa Karna Yudibrata, alm. kalintang ngabagéakeunana kana tulisan kuring, nepi ka kalan-kalan sok éra da anjeunna sok ‘nanggap’ waé upama aya kagiatan mahasiswa, kudu baé kuring nangtung nyaritakeun pangalaman nulis.

–Waktu taun 1995 maca tulisan Abah Duduh ‘Naséhat Sir Stanley Unwin keur Para Pangarang’ dina Sastra Sunda Sausap Saulas, kuring ngarasa syukuran teu kungsi natanyakeun naskah iraha dimuat, jeung rumasa nulis téh sok diapik-apik nepi ka cumpon kana struktur standar nulis carpon sanajan mimiti mah ngandelkeun intuitif wungkul tina hasil macaan rupa-rupa karya. Tangtuna ieu ngagampilkeun pikeun Abah Duduh nu kudu macaan puluhan malah ratusan naskah nu asup ka Manglé—

/3/

Waktu di kuliah di Yogya (2002-2004), kuring gé terus nyarpon, nyajak, jeung ngésai. Waktu kuliah S2 éta, kuring katarik ati ku pamarekan sastra féminisme, nepi ka nulis ésai-ésai dina basa Sunda ngawanohkeun kritik sastra féminisme dina Manglé. Salah saurang sastrawan Sunda, Pa Wahyu Wibisana nepi ka ngaréspon ngajak diskusi perkara éta. Anjeunna ngawada, yén kritik sastra féminisme teu penting da dina sastra Sunda mah kalungguhan lalaki jeung wanoja geus satata. Kasauran Pa Wahyu dijawab deui ku kuring dina ésai satuluyna nu dimuat deui ku Abah Duduh dina Manglé.

Tina ésai-ésai éta, kuring nuluykeun pamikiran ngeunaan kamungkinan pamarekan kritik sastra féminisme dina leuweung sastra Sunda dina tésis. Pikeun ngawuwuhan referénsi, utamana tanggapan pamaca kana objék panalungtikan; novél Puputon karya Aam Amilia, kuring nyuratan ti Yogya ka Abah Duduh. Dina éta surat kuring nanyakeun patalina téks jeung kontéks waktu Puputon dipidangkeun dina Manglé jadi carnyam taun 1978-an saméméh dibukukeun ku penerbit Mitra kancana-Bandung taun 1979 –éta buku diterbitkeun deui ku Rahmat Cijulang taun 1995.

Abah Duduh henteu ngajawab dina surat, tapi waktu kuring ka Manglé bari mukaan Manglé heubeul keur kapentingan tésis téa, anjeunna hahampuraan. Hampura teu kaburu ngajawab ku surat deui, cenah. Ngan perkara Puputon, Abah ngawaler kurang leuwihna kieu, yén réaksi pamaca kana éta carita nyambung utamana perkara satuju jeung teu satuju kana caritana; sabudeur struktur: tema, plot, jeung palaku. Abah Duduh gé ngainformasikeun yén Achdiat K. Mihardja –pangarang Atheis nu mukim di Australia, nu keur liburan di Jakarta, anjeunna kabeneran harita maca Puputon, tuluy ngaréspon positif éta karya dina H.U. Pikiran Rakyat.

Informasi ti Abah Duduh kalintang pentingna pikeun kuring mikanyaho kontéks carita Puputon karya Aam Amilia. Nu engkéna bakal patali jeung gaya panulis, kasadaran pamaca dina ngarespon karya, jeung fénoména masarakat kana perkara poligami waktu éta (dékade 70-an).

/3/

Karangan kuring sok dilédék ku Kang Tatang Sumarsono, pajarkeun nyaritakeun diri sorangan. Ku Kang Cécép Burdansyah gé dikritik bet nyaritakeun féodalisme baé, cenah. Meureun éta nu katangkepna saluyu jeung horison pembacaanana. Padahal saéstuna nu hayang ditepikeun téh sora wanoja tina nu kungsi kaalaman tur jadi gagasan dina carita.

Tina réspon-réspon pangarang lalaki boh lisan boh tinulis, hiji kawajaran ayana réspon positif jeung réspon négatif kana karya wanoja téh. Réspon positif contona waé ti Ajip Rosidi kana carpon-carpon Tini Kartini dina Kesusastraan Sunda Dewasa Ini (1966) jeung Ngalanglang Kasusastraan Sunda (1983). Conto sejenna nya eta Ajatrohaedi dina ‘Citra Wanita dalam Sastra Sunda’ dina Jurnal Fakultas Sastra UI (1992) jeung Duduh Durahman dina ‘Sumbangan Pangarang Wanita kana Sastra Sunda’ Sastra Sunda Sausap Saulas (1991). Anapon réspon négatif diantarana datang ti George Eliot (dina Showalter, 1985) nu nyebutkeun yén karya sastra wanoja mah karya sastra nu teu penting jeung pikaseurieun, cenah. Aya ogé Jakob Sumardjo dina Segi Sosiologis Novel Indonesia (1981) nu nyebutkeun yén karya sastra, novél, utamana dipilih ku para pangarang wanoja téh lantaran wanoja mah tukang nyarita (ngarumpi, ngagosip), cenah. Salian ti éta, Abah Duduh gé dina ‘Naha Pangarang Wanita Langka Méngpar tina Orbit Lingkungan Kulawarga?’ Sastra Sunda Sausap Saulas (1991) bet jiga nu nganaha-naha téma kulawarga dina karangan wanoja nu bisa jadi keuna ku manerisme jeung monotesme, cenah.

Réspon-réspon éta satemenna kritik dina karya sastra Sunda nu museurkeun perhatianana pikeun kamekaran sastra Sunda. Tapi memang aya nu narimbang jeung keuna kana enasna, aya ogé nu perelu dijawab tina sisi kamekaran konsép. Samodél kritikan Abah Duduh kana karya wanoja. Dina tulisanana Abah ngabagéakeun yén tulisan wanita téh mangrupa pancén nu mulya sanajan masih mangrupa sumbangan (1991:50), –ari sumbangan pan di mamana gé saeutik jaba aya dina ordinasi karangan karya lalaki. Tatapina dina tulisan nu séjén deui, Abah nganaha-naha ku naon pangna téma-téma wanoja téh bet teu kaluar tina orbit kulawarga (1991:33-34). Tina pernyataan kadua ieu, timbul tafsiran yén téma-téma ngeunaan kulawarga téh goréng jeung nu hébat mah nu kaluar tina éta orbit.

Tah di dieu pamarekan féminisme nyarita perkara soft jeung self deconstruction. Dina ieu pamarekan, téma bisa jadi teu penting tapi nu pentingna mah kumaha kasadaran, éksplorasi, jeung éksisténsi wanoja ditepikeun dina carita tur sakumaha dariana para wanoja ngagarap téma-téma doméstik nepi ka jadi kakuatan utamana. Rupina Abah Duduh nu ngamuat ésai-ésai kritik sastra féminisme kuring (taun 2004-2005) dina Manglé misurti kana éta perkara. Da upama ka Manglé deui téh sok naroskeun naskah bahasan kritik sastra feminisme –kiwari éta ésai-ésai teh diunggah dina blog sorangan, https://chyeretty.wordpress.com.

Satuluyna, tina perkara kritik ieu urang ngaronjat kana kritik sastra sacara akademik di Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. Minangka mata kuliah nu diajarkeun di JPBD, bahan kritik sastrana tangtu dipuseurkeun kana kasundaan. Buku-buku kritik nu patalina jeung kasundaan nu dijadikeun bahan salila ieu nya nu Pa Ajip Rosidi (utamana: Ngalanglang Kasusastraan Sunda, Dur Pandjak!, Eundeuk-eundeukan, Déngkleung Déngdék, Bébér Layar, Kesusastraan Sunda Dewasa Ini) jeung nu Abah Duduh Durahman (Petingan, Catetan Prosa Sunda, jeung Sastra Sunda Sausap Saulas), diwuwuhan wéh nu Pa Wahyu Wibisana (Salumar Sastra) jeung nu Pa Abdullah Mustappa (Wirahma Sajak), kiwari ditambah nu Chyé Rétty Isnéndés (Kajian Sastra), geus puguhing artikel-artikel nu patali jeung kritik mah modél nu Kang H. Usép Romli HM, Téddy ANM, Agus Suhérman, Hawé Setiawan, Cécép Burdansyah, Cécé Hidayat, jrrd. dina majalah jeung koran.

Maca karya-karya Abah Duduh Durahman katémbong kritikus aya dina sababaraha sawangan (perspektif) nu engkéna bisa dititénan warna kritikna. Dina Petingan, upama dina konsep Abrams mah tulisan Abah Duduh téh aya dina warna kritik objéktif (nujul kana karyana), sedengkeun dina Catetan Prosa Sunda warna kritikna nya éta objéktif jeung éksprésif (nujul ka pangarang). Anapon dina Sastra Sausap Saulas, Abah aya dina warna éksprésif, objéktif, mimétik (nujul kana dunya universe nu dijadikeun bahan ku pangarang), jeung pragmatik (nujul ka pamaca).

Gaya Abah Duduh tangtu béda jeung gaya kritikus nu séjénna. Gaya kritikus mangrupa perkara nu dipuhit dumasar kana pangaweruhna ngeunaan konsép sastra jeung karya sastra, sarta pangalaman kritikus dina ‘gaul’ jeung karya sastra. Salian ti éta kapribadian kritikusna ogé milu mangaruhan gaya kritikna. Upama ceuk Wellek & Warren mah kritikus téh kudu paham enya kana téori jeung sajarah sastra, tah Abah Duduh moal disangsikeun deui kana kamampuhna da mémang di dinya dumukna. Meureun enya kana konsép sastra henteu saahli saperti Pa Ajip Rosidi tapi kana karya sastra, marga anjeunna puluhan taun jadi rédaktur ahli Manglé, tangtuna ahli pisan dina ngabédakeun karya sastra nu ngandung ajén jeung nu jajar pasar.

Salian ti éta, aya atmosfir nu ngondisikeun Abah Duduh ‘wijaksana’ antara merankeun kritikus jeung guru –eukeur mah enya anjeunna téh guru, alumnus ti IKIP Bandung deuih. Gaya kritikanana disebut ku Cecep Burdansyah (2008): kritikus nu henteu nganyenyeri nu dikritikna tapi ngaping-ngatik nu dikritikna; kritikus nu oge penjaga sastra Sunda (dina media massa). Atmosfir nu ngalingkupanana taya lian ti situasi jeung kondisi nu dipayunan ku Abah Duduh dina kamekaran sastra Sunda ti waktu ka waktu jeung média nu dirédakturanana –baca ésaina ‘Ajén Karya Wayahna ku nu Aya’ dina Sastra Sunda Sausap Saulas (1991).

Gaya kritikus salian ti dipangaruhan ku pangaweuh jeung pangalaman, enas-enasna ngajanggélék dina kritikanana nu ngawengku tilu perkara. Éta perkara téh kayaning: warna kritik, padika atawa cara nulis kritik, jeung tujuan nu hayang dihontal tina nulis kritik.

Nu kahiji. Warna kritik, dina pamadegan Abrams geus dijéntrékeun aya opat, nyaéta: objéktif, mimétik, éksprésif, jeung pragmatik. Anapon dina pamadegan Wellek jeung Warren mah aya dua, nyaéta: intrinsik jeung ékstrinsik. Intrinsik mah kritik nu tujul kana formalisme karya (Abrams: objéktif téa), sedengkeun ékstrinsik mah kritik nu tujul kana hal-hal di saluareun karya (Abrams: mimétik, éksprésif, pragmatik). Éta-éta kénéh tapi dina istilah nu béda. Tah tadi disebutkeun yén warna kritik Abah Duduh dina buku-bukuna aya dina warna ébjéktif, éksprésif, mimétik, jeung pragmatik dina wangun kritik terapan.

Nu kadua. Padika atawa cara nulis kritik Abah Duduh leuwih reuhreuy atawa tumaninah, sedengkeun nu Pa Ajip Rosidi mah leuwih ekspresif jeung sumanget ngabebela. Upama dititénan eusi kritik Abah Duduh dina padika kritik konsep Hudson kaasup kana dua padika, nya eta judisial –atawa sok disebut déduktif– jeung induktif. Padika kritik Abah Duduh, dina Petingan  nya eta indktif, dina Catetan Prosa Sunda jeung Sastra Sunda Sausap Saulas nyaéta campuran antara déduktif jeung induktif. Déduktif téh cara nulis kritik dumasar kana téori, konsép, atawa prinsip sastra, cindekna ngait kana palapon nu geus pasti, sedengkeun induktif mah cara nulis kritikna lésot tina standar atawa palapon nu aya tapi satemenna tetep objéktif teu ngaleupaskeun manéh tina fénoména sastra nu nyampak dina karya nu dikritikna.

Nu katilu. Tina perkara tujuan nu hayang dihontal tina kritikna. Tina sababaraha konsép para ahli, di antarana aya nu disebut tujuan penghakiman, tujuan imprésionistik, jeung tujuan téknis. Dina Petingan jeung Catetan Prosa Sunda katitén tilu tujuan kritik sastra nyampak sadayana, malah dina Sastra Sunda Sausap Saulas mah aya usaha Abah Duduh pikeun ngahontal tujuan praktis pikeun méré nyaho masalah-masalah sastra boh dina konsép boh dina karya ka pangarang ngora jeung pamaca sacara umum.

Upama ditabélkeun mah kieu gaya kritikus Abah Duduh téh.

No. Gaya Kritikus Unsur Petingan Catetan Prosa Sunda Sastra Sunda Sausap Saulas
1 Warna Objéktif
Mimétik
Éksprésif
Pragmatik
2 Padika Déduktif
Induktif
3 Tujuan Penghakiman
Téknis
Imprésionistik
Praktis

Tina ieu pedaran dicindekkeun dua hal. Gaya kritik Abah Duduh tina tilu bukuna jadi petingan, sabab geus nerangkeun sahadé-hadéna hal-hal nu patali jeung sastra Sunda ka pangarang jeung pamaca, utamana dina kalungguhan sajarah jeung kritik sastra Sunda dina dékade 80 jeung 90-an. Salian ti éta, tina pangalaman nu geus dicaritakeun, katitén yén aktivitas Abah Duduh salawasna aya dina posisi nu ngajalankeun pancenna salaku kritikus. Relevansi antara pancén jeung karya nu dihasilkeunana tuluy-tumuluy dijaga konsisténsina. Hal éta ngébréhkeun kualitas kritik sastra Abah Duduh teh utama, sanggeus Pa Ajip Rosidi.*

Cigugurgirang, 8 Désémber 2014

%d blogger menyukai ini: