SARUPANING BUNGBUAHAN

Chye Retty Isnendes

 

Di dapur téh ngabayak bungbuahan. Nangka, durén, cau, kalapa, dukuh, rambutan, huni, alpuket, tangkil, palanding (peuteuy sélong), jeung… jéngkol. Nangka ngadarangong asak riksa, salima-lima. Durén marulus, atuda paribasana mah unggal jam ditéang, bisi dipiheulaan maling. Nangka jeung durén seungitna meni teu puguh ambeukeunana. Matak lieur. Cau mah geus puguh, aya nu kakara datang ti Lebak, karolot tapi aratah kénéh, aya nu anyar naék deuih, tina lombang, geus dipeuyeum, dihaseupan.

Kalapa pon kitu, karolot teu kaitung sabaraha puluh huluna, dukuh dina karung dina tolombong. Komo rambutan mah, karungna gé aya kana tilu karung, encan dina tolombong, dina said. Lolobana beunang ngala ti Peuntas, kebon aki nu di lembur Peuntas. Alpuket mah biasana tara dialaan, sok maruragan sorangan. Diala oge teu ceuyah siga nu séjénna. Siga rambutan, misalna. Ari huni, biasana nu dialana nu geus asak pisan, nepi ka harideung, pikauruyeun, dirieus dina coét, bungbuna biasa baé, céngék, uyah, gula beureum. Eeemmm, disuruput cai rieusanana, amis semu haseum, lada, seger. Aduh meni ngaruy.

Ari tangkil mah saboboko leutik. Kasedep aki lamun disayur asem. Palanding kitu deui, nu ngora nu kolot dina dipan palupuh can dipetikan tina cupatna. Jéngkol aya, sepi aya. Enya da rajin aki téh, satengahna tina jéngkol meunang ngala téh, sok dibukaan tuluy dikubur, diangkat sabulan geus jadi … sepi. Tah éta jawaban tatarucingan: Nu dikubur, hirup deui, tuluy ganti ngaran, téh.

Teuing ku titén jeung getén ari aki. Sagala rupina tara ngandelkeun batur, ku nyalira baé mupujuhkeun nu damel téh. Tara aya poé nu kalangkung  ka sawah ka kebon téh, sanajan ukur ngomandoan. Kajaba nyeri angkéng, panyawah-pangebon dibaékeun damel sorangan. Atawa miwarang ua nu katilu, Wa Edi, Cép Alit, ceuk Bi Ai mah, upami mupuhuan ngaroris, melak, tandur, mupu atanapi panén bungbuahan téh.

Getén tulaténna lain wungkul kana tatangkalan, tapi deuih ka dulur, baraya, jeung tatangga. Tos puguhing ka anak pituin mah. Asa teu kungsi hasil tatanén, utamana bungbuahan dibajongkeun. Kabéhanana diala, disimpen di dapur sina numpuk, ngabayak, tuluy… dibagi-bagikeun. Adil, walatra.

Putrana nu anakna loba, dibagina leuwih ti nu putra nu anakna kakara hiji. Tah keur Cép Ageung nu di Jakarta, ieu bagéanana, teundeun, lamun ka Nagrak ké mulangna bahankeun. Cép Panengah, ua nu seueur putra, leuwihan! Cép Alit nu mantuan sagala pagawéan Bapa, tambahanana sakitu. Euis (indung kuring), tah bagéanana, urang Bandung (bibi adina indung), ieu bagéanana. Ieu mah bagéan urang Banten (mamang nu lalagasan kénéh nu damel di Krakatau Steel). Si Bungsu (bibi nu SMA kénéh) mah da ngahiji, sadaékna baé. Enya, tujuh putrana téh.

Ti dinya tuluy dulur-dulur. Dulur-dulur nu sawahna-kebonna digarap sorangan, angger dibagéanan, komo deui nu dipasrahkeun ngagarapna. Eta mah puguh hakna, diceungceum-ceungceum ku Aki. Enya atuda tadi gé disebutkeun, Aki mah pangapik, panggetén tulaténna wé sugan mah kana lemah téh. Nya meureun wé deuih, anjeunna putra lalaki pangageungna nu tanggung jawab ka rayi-rayina bari rumaos putrana seueur, tujuh téa. Baraya jeung tatangga, pon kitu deui, kabagéan, tara kaliwat. Najan kasebutna ngasaan, tapi da ngasaan saboboko bari eusina rupining bungbuahan, saha nu teu resep.

Ari aki geus apaleun kana buah karesep kuring –da cicing jeung gedé téh jeung nini-aki. Nangka, enya, nangka. Mun nangka geus dipésék téh, tuluy anjeunna mukaan panon-panon dagingna tina jaramina. Pananganana nu mulus da geus dibalur ku minyak kalapa, jadi teu katetelan getahna, ngasongkeun baskom aluminium gedé ka hareupeun kuring. Kuring tinggal am, ngadahar. Tampi raosna. Eum, nineung.

Béda deui jeung buah nu di pipir imah mah, éta mah tara ieuh dibagikeun. Rék dibagikeun kumaha, méméh dipupu ogé béak tiheula. Diaralaan, diarajulan, ditaraékan, diparetikan. Da nampeu téa. Enya, éta, jambu batu beureum-bodas, jambu aér, jambu bool, limus, kokosan, namnam. Geus puguhing calingcing mah, da nini pagawéanana nyambel baé. Atawa gedang mah, gumading hiji-dua langsung baé dipénta ku mojang-mojang pangaosan, babaturan bibi, diparetis. Atuh nu haréjo, dikulub coél sambel téa.

Lamun ngala bungbuahan di Lebak. Kuring kalan-kalan sok milu. Nu pangresepna mun ngala dukuh. Kuring sok pipilueun naék kana dahanna nu ngariyom kana galengan –da tangkalna mah di gawir dua tangkeupeun jalma sawawa. Ti dinya oséh-oséh naék mapay ka puhu, naék deui ka nu rada luhur bari ngarawélan dukuh. Sakitu dicaram ogé, da éta sok ngalaan nu pentil, hih da resep, tonggoy wé. Ngan mun geutah geus nyepelan dua dampal leungeun, ngotoran baju, kakara kuring eureun ngalaan, ganti, eundeuk-eundeukan.

Nu pinter naék, Téh Nénéng putra Ua. Manéhna mah muntang kana dahan nu ngariyom téa bari jéngké, tuluy gurawil wéh naék kana dahan leutik muru puhuna. Nyaho-nyaho geus di luhur jeung Ua jeung Mamang. Kuring bati sirik hayang bisa gancang jiga manéhna…

Lamun ngala huni mah séjén deui. Nungguan wé di handap, dina iuh daun-daunna nu ngarampidak. Nungguan nu ngalungan raranggeuyan bari gogorowokan sadulur-dulur nu pakokolot supa.

“Wa, nu harideung!”

“Tuh, nu palih kidul, Mang! Nu harideung mah!”

“Alungkeun Ki! Alungkeun!”

Mun dialungan pahibut muru ka mana huni muragna. Bari enyoh ngadahar huni harideung, leungeun jeung saku nu merekis milu harideung. Hésé diseuseuhna éta téh. Nini nu gegelendengna.

Enya kitu, mulungan baé di handap kabéh ogé, barudak mah. Da teu bisa jeung moal bisa wé naék téh. Atuda tangkal huni nu geus kolot téh tilu tangkeupeun jalma sawawa, jaba jangkung, jeung di gawir deuih, nu di handapna aya walungan leutik. Pikalewangeun.

Ari kamari, basa Lebaran balik, di béngkél aya kai numpuk samétér-samétér. Ku kuring ditanyakeun ka bapa. Walonanana téh mungguh matak ngajenghok. Kuring salila-lila melong éta kai, tuluy diusapan. Rey aya nu panas, naék kana tikoro, muru kana biwir panon.

Teu nyangka, manéh bakal jadi kai, tangkal huni! Da dina lelembutan mah, manéh téh angger tangkal nu gagah, jangkung, badag, bari buah manéh nu raranggeuyan, nu haréjo, nu karonéng, nu bareureum, nu harideung, laleutik téh, nyolodor tina dahan-dahan manéh. Enya, kuring sok ngabayangkeun éta tangkal huni téh raksasa nu kumisna baplang, pikasieuneun, tapi ramo-ramona béréhan ngasongkeun buahna ka kuring jeung ka dulur-dulur…

Ah, pileuleuyan, manéh nu angger ngajega dina implengan.***

03 Januari 2006

3 comments on “SARUPANING BUNGBUAHAN

  • leuh meni ku lengkep eta bungbuahan, di tataan sagala aya, balaka abdi ngaraos kataji ku getenna aki teteh, nembe uninga horeng kasedep th nangka? meni ku sami gening teh he, aeh duren th kadu tea sanes?

      • hehe leres sesebatan nangka mh sami teh, tah abdina mah gaduh buah nangkadak, kawinan nangka srng campedak, tangkalna pendek (tiasa dipelak dina pot), 2 taun ge tiasa kaala, buahna rada alit tp amisna kareueut pisan, hanjakal teu acan buahan, kin pami buahan..dikintun

  • Tinggalkan Balasan

    Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

    Logo WordPress.com

    You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

    Gambar Twitter

    You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

    Foto Facebook

    You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

    Foto Google+

    You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

    Connecting to %s

    %d blogger menyukai ini: