CIKOLAWING WALUNGAN KURING

Keur budak, ngadéngé ngaran Cikolawing téh, sieun pisan. Duka ku naon, perbawa ngaranna sugan nu ngalewang-ngalewing atawa lungkawing jeung ngagulawing pikalewangeun. Atuda kungsi  aya nu ngagantung manéh dina kai nu nyolodor ka Cikolawing, cenah. Kacipta ngagulawingna bari ngelél, iiiyyy. Atawa deuih, dongéng lulun samak nu pikasieuneun. Éta lulun samak téh ngaléléd budak nu keur ulin di sisi Cikolawing. Teu kacipta deui waé ku ciciptan kuring keur budak, kumaha éta lulun samak hanjat ka sisi walungan, tuluy ngagulungan barudak nu keur arulin.

Gambaran Cikolawing nu pikasieuneun téh kalan-kalan napel nepi ka kiwari. Teu kacipta deui waé éta cai walungan nu ngocor ti puhuna, ti ditu ti suku Gunung Salak téh ngamalir sapanjang DAS (Daerah Aliran Sungai) tangtu ngaliwatan leuweung, jungkrang nu lungkawing, tempat-tempat nu caranéom, ngaliuh dina nu jero jadi sédong jadi leuwi, ngaliwatan kuburan-kuburan lembur, pilemburan, pasawahan, pakebonan, gumuruh lamun mawa caah ti girang, séahna ngahudangkeun bulu punduk lamun pareng hujan angin milu mairan. Tur ahirna, ngamuhara ka Cicatih[1].

Tah Cikolawing téh ngaran walungan di lembur kuring. Walungan gedé nu ngan hiji-hijina di lembur mah, nu girangna ti dam di désa Wangunjaya di Kacamatan Nagrak[2], desa pangkalérna nu wawatesan jeung Bogor. Walungan nu nepi ka kiwari gé masih jadi salah sahiji dasar kahirupan masarakatna. Teu kitu kumaha, ngala lauk; ti mimiti ngobéng nepi ka nyetrum, kalan-kalan nyeuseuh, ngumbah wadah, mandi –bari icikibung keur barudak lalaki mah–, miceun, ngala keusik-ngala batu, geus puguhing nu tatanén deukeut walungan mah, pan ti Cikolawing caina. Komo lamun bulan puasa kieu, barudak lalaki mah, ngabeubeurangna téh ka Cikolawing. Barungah, da poé maju ka soré bari teu karasa, jaba seger deuih balikna, da mandi –jeung nginum ciwalungan teu dihaja, meureun–.

Enya, naha nya ari kuring sok sieun ku Cikolawing téh. Padahal keur SD téh jarambah ulin ogé nepi ka Cikukulu (kampung di Désa Nagrak Utara) –nu ogé kaliwatan ku Cikolawing–. Ulin-ulinan di nu déét, da ngojay mah teu bisa, milu ngangkleungkeun manéh dina nu rada jero saeutik jeung babaturan, lalaki-awéwé, najan bari tibuburanjat da sieun titeuleum. Balikna baju baraseuh jeung jareblog, da najan dipoékeun dina batu ogé, angger wé ngaliwatan jalan satapak nu leutakan. Jaba ngaliwatan kuburan deuih, Leuwi Éréng nu kakoncara sanget.

Tah cenah oray-oray jeung lelembut ti Cikolawing téh sok haranjat ka Leuwi Éreng, pésta jeung jurig di dinya. Iiiy uyuhan Si Tuti urang Cikukulu! Nu unggal poé sakolana ngaliwat sasak Cikolawing, netek, tuluy ngaliwat Leuwi Éréng! Na tara kungsi dipegat kitu?

Kungsi keur kelas lima SD diabringkeun, dikerjabaktikeun ku sakola. Enya sa-sakola, ti kelas opat nepi ka kelas genep, murid-muridna sina marawaan batu nu geus dialaan dibrugbrugkeun di sisi Cikolawing. Mudun tuluy aya kana dua kiloan mah, balikna netek marawa batu: aya nu dina kantong kérésék, aya nu dicekel baé dua siki, aya nu bari diakeup sagala, dikantongan. Budak lalaki mah aya nu mawa batu gedé disuhun –na gagabah pisan–. Enya batu-batu walungan, meunang milihan, paling leutik sagedé kalapa meunang mesék. Aya kana tilu balikan étah. Teu diburuhan, ngan sakola diliburkeun. Bungah wé nu aya. Cenah mah keur nambahan wangunan sakola SDN V Nagrak, SD kuring harita.

Enya bungah. Komo keur nu begér tampélé mah, da sok kitu geuning, sok dipasang-pasangkeun lamun asalna nari papasangan dina samenan. Di jalan téh silih poyokan, ongkoh jejebris, ongkoh resep. Dina palebah nu leueur, barudak lalaki mah ngahajakeun nyeureuleukeun manéh, barudak awéwé tingjarerit tapi bari seuseurian. Coba kumaha lamun cilaka tuluy nyeureuleu ka Cikolawing nu loba batuan?

Aya kétang nu cilaka, Si Maman mun teu salah mah. Budak bengal tapi rada pinter matématikana. Baloboran getih…sukuna. Enya da teu maraké sapatu sakola téh, mimindengna mah disendal, sapatu mah kalan-kalan. Komo ngala batu, nya dibaruka sapatu-sendalna téh. Asalna mah ngarojay heula cenah, barudak lalaki téh, sakitu diomat-omatan ku Pa Amar –damang Bapa?–. Geus ngarojay pahibut marilihan batu. Silih surung silih séréd, atuh… pré kana suku. Lain batuna nu peupeus, indung sukuna nu pejét.

Tuh pan resep geuning, panineungan Cikolawing téh, tapi naha kuring sok sieun baé? Padahal deuih, keur budak nepi ka SMA, kabiasaan kulawarga téh nyekar ka Ciater, pamakaman kulawarga, dua atawa tilu poe ti tas Lebaran. Rérés nyekar ka makam aki, buyut, bao, bibi-paman ti gigir, aki-nini ti gigir, saméméh mulang téh…mudun sapudunan ka… Cikolawing. Reresepan, babaseuhan, gogorowokan mairan séahna ciwalungan, seuseurian bari rancutcut, popotrétan, sagala rupa baé, sakulawarga besar Rd. Raksapadja, bao kuring. Kungsi nepi ka tilu puluh urangna minuhan walungan Cikolawing. Ti mimiti budak satepak nepi ka nu tengah tuwuh. Heuy deuh, Lebaran téh lain ka kota tapi ka walungan :>

Tuh pan, kumaha dalitna kuring jeung Cikolawing, sataun sakali pasti étah, gulet jeung umpalna, raket jeung baseuhna, diuk dina batuna bari ngalaan batu laleutik pesenan nini nu teu milu ka walungan, batu keur di masjid, keur milang pupujian méméh pangaosan ibu-ibu dimimitian. Tapi da kumaha atuh, meureun geus ti dituna. Borangan mah, borangan baé kuring téh.

Tapi lain kuring waé kétang, geuning lamun balik ti Cikolawing, saréréa paembung-embung pangtukangna. Da… sieun aya lulun samak, jaba satanjakan pan aya kuburan Ciater téa… Nya bagéan Ki Djohar Éfsa[3] atawa Ua-ua, nu pangtukangna, bari teu poho marancah:

Babadagna

Lelembutna

Hayu, urang baralik

Bismillahirrohmanirrohiim

Cikolawing, naha Lebaran ayeuna urang bakal tepung deui?***

[1] Walungan nu kakoncara ku ditimukeunana prasasti Cicatih–

[2] Di kacamatan téh aya 14 desa, désa kuring ngaranna Désa Nagrak Selatan, tingali kar-na

[3] Pangarang Sunda taun 70-80-an

Ieu sketsa dimuat dina Cupumanik 2005

4 comments on “CIKOLAWING WALUNGAN KURING

  • Tinggalkan Balasan

    Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

    Logo WordPress.com

    You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

    Gambar Twitter

    You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

    Foto Facebook

    You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

    Foto Google+

    You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

    Connecting to %s

    %d blogger menyukai ini: