PITEUK TONGO WALANGTAGA

(Dimuat dina Mangle  No. 1784/Taun 2000)

1

“Ka dieu…!’ saur Pa Iswas. Kuring nyampeurkeun. Teras Pa Iswas (Drs. Iskandarwassid, M. Pd –kiwari mah Profesor), naros.

“Kantos ngadangu ungkara ‘uteuk tongo walangtaga’?” Kuring ngahuleng, tuluy unggeuk. Memang, kuring kungsi ngadenge eta ungkara –utamana mah dina paguneman sandiwara jeung kungsi maca dina carita-carita kabaheulaan—tapi sabenerna kuring teu kungsi apal naon harti nu saenyana.

Ti dinya Pa Iswas nyarios deui, kieu kurang-leuwihna mah.

Ti kapungkur dugi ka ayeuna, anjeunna ge uninga kana eta ungkara teh, tur memang kitu unina, uteuk tongo walangtaga. Kantos anjeunna ngemut yen eta ungkara teh henteu satata kaayanana, tapi teu ieuh jadi emutan jeung diemutan ku anjeunna. Tatapina, waktos anjeunna maos naskah Wawacan Rangga Wulung (WRW), anjeunna ngaraos kaget, geuning dina eta naskah mah ungkarana teh kaunggelna kieu: piteuk tongo walangtaga.

2

WRW teh ngalalakonkeun Rangga Wulung (RW) ti mimiti di jero kandungan indungna nepi ka meunang bagja; balik deui ka istana. Dicaritakeun yen indung RW teh prameswari. Waktu kakandungan ku RW, prameswari hayang mandi sareupna di situ taman karajaan. Najan dicaram ku Raja, prameswari keukeuh, antukna Raja kapaksa nganteur.

Waktu prameswari siram, Raja angkat metikan kembang. Eta kajadian teh dimangpaatkeun ku Ratu Raksasa nu mikabogoh Raja. Ratu Raksasa teh ngajanggelek mirupa prameswari asli, tuluy ngajak mulang ka karaton. Waktu prameswari nu asli rengse siramna, kageteun pohara da Raja teu aya di sakuriling taman.

Lantaran rumasa salah jeung ngawerakeun Raja, Prameswari teu mulang ka karaton. Prameswari ngantunkeun karaton tur hirup kadungsang-dungsang nepi ka anjog ka sisi leuweung. RW dilahirkeun, diasuh, jeung digedekeun ku alam sabudeureunana jeung ku kaprihatinan hiji indung. Tapi hal eta nu nyababkeun pribadi RW asak, mandiri, jeung tohaga.

Hiji mangsa RW nyalametkeun Cantaka (C) anak Raja palsu nu beungeutna kacida gorengna. Harita C rek digaley ku banteng wulung, ku RW disalametkeun. C nganuhunkeun ka RW. RW ngajawab kieu:

(Pupuh Asmarandana)

Raos abdi kenging Agan,
Abdi darma ngabunuh
Kabeh ge kagungan Agan.

Sumawonna uncal deui, Piteuk tongo walangtaga,
Leutikna pisan mun moyo,
Gamparan anu kagungan,
Enggeus puguh abdi, Tuan,
Cantaka imut jeung nyatur,
Heueuh maneh kitu pisan.

(Wawacan Rangga Wulung, kaca 22)

Tina eta pupuh Asmarandana, katiten yen nu saenyana mah (nu asli, nu otentik) ungkara teh: piteuk-tongo-walangtaga. Lain uteuk…

3

Nu jadi pamikiran kuring tina eta obrolan nya eta genep rupa: cara hiji ilmuan dina nepikeun pamadeganana, katalian hiji ilmuan, kajian linguistik (kabasaan), kajian sastra, kreativitas karuhun Sunda, jeung basa lisan nu keuna ku robah.

Hal nu kahiji. Dina cara medar permasalahan Pa Iswas memang tara bulat-beulit, tapi tara torojogan deuih. Anjeunna mah sok nohok permasalahan ku gaya nu manis, ku dialoh, ngalungkeun pertanyaan, muji tiheula, atawa kalan-kalan mah siga nu enya daria, serius, padahal…banyol. Memang gaya nyarita unggal jalma beda-beda kakeunaan ku sipat nu wajar, boga kapunjulan katut kakuranganana. Gaya Pa Iswas nu kitu, saeutik-gedena jadi perhatian kuring di sagigireun gaya nyarita sepuh-sepuh nu sejenna.

Hal nu kadua. Katalitian, ati-ati, jeung dariana hiji ilmuan memang jadi hal nu penting dina hiji perkara. Pa Iswas hiji ilmuan nu taliti, ati-ati, jeung daria tur tara nganggap hiji hal enteng sanajan eta permasalahan teh enteng, misalna. Tah, bisa jadi hal kahiji jeung kadua dianggap pangajen nu subjektif tapi saestuna urang bisa diajar tina kapunjulan hiji pribadi nu nyongcolang.

Hal nu katilu. Pa Iswas ngasongkeun hal kabasaan nu daek-teu daek kuring jadi mikir perkara eta. Sacara basajan diasongkeun evaluasi kana pakeman basa nu salah. Saliwat ku adegan struktur jeung eusi basa nu patali harti (ma’na), ungkara uteuk-tongo-walangtaga teh bisa ditarima.

Misalna bae, eta ungkara teh bisa dihartian sacara leksikal ku: 1) uteukna tongo jeung uteukna walangtaga, 2) uteukna tongo atawa uteukna walangtaga, 3) tongo teh aya uteukan, kitu deui walangtaga, 4) uteukna tongo teh ampir sarua/sarua pisan/beda/rada beda jeung uteukna walangtaga, 5) jste.

Eta ungkara oge bisa dihartian sacara idiomatik kieu: 1) sagala nu kumelip; nu katingal jeung nu teu katingal sagala kagungan Gusti –pangagung, pangawasa, saperti: kangjeng bupati kangjeng raja, kangjeng dalem, jsb., 2) hal nu sipatna musykil ayana –hese, sulit, tapi nyampak jeung kapanggih dina kanyataan hirup nepi ka jadi taya hal nu mustahil, 3) Gusti Allah Maha Kawasa kana sagala saniskara, 4) Gusti Allah teu ewuheun kana ciptaanana, 5) jste.

Tatapina ku rasa jeung pikir nu seukeut, eta ungkara teh sabenerna teu nincak kana aturan; aya nu teu satata dina kecap sesebutan barangna (nomina) jeung henteu satata dina harti kamusna (leksikal). Urang guar bae ku harti kamusna jeung ku kajian pakeman basana.

  1. Disawang tina harti kamus

1.1. Uteuk tongo-walangtaga

Uteuk hartina polo (otak). Tongo hartina sarupa kutu leutik dina taneuh tuhur, rupana beureum, nyocona pageuh. Walangtaga hartina ngaran sarupa insekta nu siga kutu anjing (KUBS, 1994: 555, 534, 498).

Lamun nitenan sacara kritis harti perkecap, urang bisa tumanya naha bet teu satata, naha kecap kahiji teu nyambung saeutik-eutik acan jeung kecap kadua-katilu? Kecap kadua jeung kecap katilu medar masalah sasatoan serangga; insekta (KUBS, 1994: 179) tapi naha kecap kahiji misah sosoranganan? Jeung naha kecap kahiji teu satata subwarna kecap barangna? Kapan kecap kahiji mah uteuk? Nu netelakeun kecap sesebutan barang bagian awak mahluk hirup, sedengkeun kecap jeung katilu mah kecap sesebutan barang pikeun sato.

1.2 piteuk-tongo-walangtaga

Piteuk hartina laleur gede nu sok euntreup ka/kana kuda/munding (KUBS, 1994: 398). Tongo wlangtaga sarupa hartina jeung bagian 1.1.

Sanggeus nitenan kecap perkecap dina ieu pakeman basa, jentre pisan ayana kasatataan dina kecap perkecap sesebutan barangna (sato piteuk, sato tongo, jeung sato walangtaga), jeung kasatatan antara harti jeung harti leksikalna (laleur jeung kutu teh dina elmu biologi, kaasup kana kulawarga/famili serangga/insekta).

  1. Disawang tina gaya basana

Ungkara piteuk-tongo-walangtaga teh pakeman basa. Pakeman basa teh ngawengku gaya basa nu biasa dipake dina paguneman lisan atawa dina tulisan. Gaya basa nyaeta rakitan basa nu dipake sangkan ngahudang pangaruh nu leleb/jero karasana ka nu ngaregepkeun atawa nu macana.

Gaya basa piteuk-tongo-walangtaga teh nurutkeun asal gelarna mah tina sesebutan nuduhkeun sabagian anggapan, sedengkeun nurutkeun patalina harti mah, ieu ungkara teh bisa kaasup kana gaya basa ngasor jeung nyilib. Dua hal ieu bakal kaguar dina kajian sastra. Gaya basa ngasor dipake pikeun ngasorkeun maneh, ngahandapkeun maneh, sangkan sopan teu dianggap adigung kumalungkung. Gaya basa nyilib dipake sangkan nu diajak nyarita teu eraeun atawa teu ngambek.

Lamun nilik kana harti idiomatik kahiji, piteuk-tongo-walangtaga teh hartina: sagala nu kumelip; ti nu katingal nepi ka teu katingal sagalana kagungan Gusti; pangagung; pangawasa (kangjeng bupati, kangjeng raja, kangjeng dalem, jsb.). Ieu gaya basa teh raket patalina jeung kasang tukang masarakat Sunda baheula nu numutkeun Pa Iswas mah ma’nana teh nyaeta: 1) refleksi tina kateudayaan masarakat leutik dina nyanghareupan kakawasaan para gegeden, 2) sikep pasrah rahayat dina ulun kumawula ka pangawasa.

Eta gaya basa ngasor jeung nyilib teh jadi kacapang an, jadi pakeman nu geus ngalemah dina paguneman, nu ahirna mibanda pungsi: 1) panganteb bumakti ka pangawasa, 2) nyindiran kana sagala kalakuan pangagung nu sakarep ingsun, jeung 3) alat pikeun leletak, nu dimangpaatkeun ku menak nu julig jeung hianat ka rahayat!

Hal nu kaopat. Kajian sastra nu dipatalikeun jeung faktor sosial nu ngawujud dina sosiologi sastra jeung sajarah Sunda. Kasang tukang kahirupan sastra Sunda dipangaruhan ku kahirupan sosial masarakatna nu agraris. Eta hal teh ngarefleksikeun sastra jeung budaya Sunda jadi sastra jeung budaya agraris (pertanian).  Kitu deui dina gaya basa; piteuk-tongo-walangtaga bakal kapanggih budaya dipakena kuda jeung munding minangka sarana patali marga/transportasi jeung sarana tatanen.

Kuda jeung munding tersirat dina kecap sato piteuk. Piteuk teh laleur gede nu sok eunteup jeung ngaronom kuda atawa munding. Eta piteuk teh sok dipacokan ku manuk jalak. Ti dinya katiten ku urang, yen unggal komunitas teh hiji ekosistem nu silih untungkeun jeung silih mangpaatkeun.

Tina kecap tongo tersirat taneuh tuhur (jeung ngebul) nu nandakeun kondisi geografis Tatar Sunda dina mangsa datang katiga atawa halodo. Dina usum katiga, biasana taneuh teh sok angar, garing, atawa ngebul. Bibit kasakit mahabuna gancang. Kasakit ateul, salesma, batuk, jadi kasakit rahayat nu bibit kumanna dibawa ku angin usum tuluy hirup dina taneuh, dina cai, dina angin.

Tapi anehna, taneuh kebul mah sok dipikaresep bocah. Padahal dina taneuh kebul, sakadang tongo hirup lugina. Waktu budak ulin taneuh, eta sato teh napel jeung nyoco budak –biasana nyocona kana larangan budak lalaki atawa awewe. Nu dicocona tuluy bentol jeung beureum, karasana cenah ateul jeung peurih.

Tina kecap walangtaga tersirat sato anjing nu biasa diingu ku urang Sunda. Diinguna ieu sato patali jeung pepelakan nu sok diranjah ku bagong, atawa dipakena ieu sato pikeun buburu (moro) peucang; mencek; banteng, jste –aos novel Pangeran Kornel, Mantri Jero, jste (dina wawacan Rangga Wulung oge ning?). Anjing jadi pakarang nu penting harita –jadi, mungkin wae Si Tumang bapana Sangkuriang ge refleksi hiji kapentingan jeung ‘pamujaan’ masarakat harita kana sato anjing nu sakitu gede gunana.

Tina kekekcapan nu geus dipedar ngaliwatan sosiologi sastra, urang bisa nyurahan yen: 1) piteuk hartina harta/rajakaya penting tur mahal, nu dilambangkeun ku munding atawa kuda, sarana pikeun tatanen jeung transportasi rahayat harita, nu dagingna oge jadi sumber pangan nu mahal, 2) tongo hartina budak awewe atawa budak lalaki, 3) walangtaga hartina ingon-ingon inguan sejenna.

Harti jembarna mah kieu: anak incu oge dipasrahkeun pikeun kapentingan pangawasa mah, teu kahalangan ku nyaah, asih, atawa cinta –baca carpon Apun Gencay karya Yus Rusyana. Eta anak-anak rahayat teh rek dijadikeun ponggawa, selir, kaulinan, bujang, jeung sajabana oge, baris dipasrahkeun asal dipundut ku nu ngawasa harita. Geus puguhing rajakaya boh ingon-ingon boh hasil tani, sadayana ge kagungan Gusti. Rek iraha dipundutna ge nyanggakeun bae.

Harti konotasi ieu pakait pisan jeung gaya basa asal gelarna ungkara piteuk-tongo-walangtaga. Rahayat harita nganggap jeung malibirkeun kapalay para pangawasa teh kana sato hewan nu dianggap bisa ngawakilan harti saenyana. Tangtu bae rahayat teh moal togmol nyarita, yen nu dipikapalay teh kapan ieu, ieu, ieu, jeung ieu, tapi maranehna nyilibkeunana dina gaya nu ngasor, sangkan sopan jeung merenah lantaran sieun atuh dibenduan ku pangagung harita. Kabayang kokompodanana ngadenge sora kudana. Eta teh wangun kapasrahan, tumut, jeung satiana rahayat ka nu molah nagara.

Upama wasaeun mah meureun maranehna teh nyaritana kieu: “Lamun dibandingkeun jeung kakawasaan pangagung mah taya hartina atuh pangabakti rahayat mah. Tong boroning rajakaya jeung anak, dalah nyawa oge ditandonkeun demi nu molah nagara. Kapan pancen jadi pangagung teh abot jeung bangga, matak dina ngahampangkeun pancen teh rahayat kudu bakti.” Tah kecap rajakaya jeung anakna dibungkus ku piteuk-tongo-walangtaga.

Unikna, ti dieu oge sigana mimitina ieu ungkara piteuk-tongo-walangtaga teh robahna jadi uteuk-tongo-walangtaga tina pamikiran yen nyawa rahayat  taya hargana pikeun pangagung. Uteuk leuwih deukeut kana pamikiran, kana nyawa manusa. Kaduana ku dedenge tara jeung teu apal mimitina tea, nepi ka ungkara ieu bisa robah.

Hal nu kalima. Nu jadi pikiran kuring pinterna kolot baheula nyiptakeun jeung merenahkeun pakeman basa, disagigireun nyiptakeun hiji sesebutan kana hiji jejer caritaan.

Geus pada apal meureun yen urang Sunda mah mibanda kabeungharan kecap nu taya tandingna. Lamun dipaluruh tina sajarah Sunda jeung asal-muasalna mah meureun, bisa jadi kabeungharan kecap atawa basa Sunda teh gelarna waktu jaman Sunda diereh ku Mataram, jaman ‘abdiii dalem, Sunda kiilen?”, jaman rahayat Sunda pasrah sadaya-daya taya hojahna dina ketak. Horeng hojahna teh dina basa, nu pinuh ku sindir sampir, silib siloka, jeung guguyon! Tapi hal eta jadi hiji hal nu positif, jiwa-jiwa nu katandasa teh ngagelarkeun kreativitas nu pohara ngaliwatan basana!

Kiwari kabeungharan basa urang Sunda teh geus karasa laleungitan, loba basa jeung kecap-kecap nu laleungitan tina kahirupan. Sanajan hal eta wajar, tapi lamun taya usaha ngarumatna, bisa jadi bakal dosa ka urangna. Lantaran Allah kapan nyiptakeun bangsa-bangsa manusa teh jeung basana sewang-sewang. Lamun basana teu dipiara meureun hianat kana kahirupan nu diciptakeun ku Mantenna? Atawa memang urang Sunda mah geus teu ngarasa boga kawajiban moral kana basana? Atawa ieu pedaran teh kaleuleuwihi? Jawabanana kudu ku elmu jeung hate nu permana.

Hal nu kagenep. Hal nu pamungkas nyaeta basa mah gumantung pisan kana situasi, waktu, lingkungan, katut jalma nu diajak nyaritana. Jentre pisan basa lisan mah keuna ku parobahan. Sanajan eta parobahan teh salah, tapi masarakat mah nganggapna teh bener bae, nepi ka lila ti lila nganggap nu salah teh bener, nu bener teh salah.

Ku kituna, najan basa nu hirup di masarakat mah manasuka (arbiter) jeung ragem tur disaluyuan ku sakabehna (konvensional) tapi tetep kudu aya ahlina nu baris ngenyed, ngadalian, nungtun, jeung nunjukkeun bebeneran ngaliwatan elmu pangaweruh; sangkan teu sasar satuluyna. Saperti ungkara gaya basa piteuk-tongo-walangtaga  wae, kapan nu bener mah geuning piteuk, lain uteuk, komo iteuk mah, lain!

Kitu wae heula, langkungna mah wallahu’alam.*

Referensi

LBSS. 1994. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate.

Sudaryat, Yayat. 1996. Pedaran Basa Sunda. Bandung: CV Geger Sunten.

———–, 1997. Ulikan Semantik Sunda. Bandung: CV Geger Sunten.

Wawacan Rangga Wulung

6 comments on “PITEUK TONGO WALANGTAGA

    • dina kakiwarian mah asa teu nerap. Ningnang, margi konteksna ‘mengabdi, tan pamrih’ ari ayeuna kapan, moal mungkin aya nu somah babakti sapertos kapungkur dugi ka masrahkeun ‘piteuk-tongo-walangtaga’na ^_^

  • tah gening kabuka ayena mah, horeng nu leres mah piteuk sanes uteuk, paingan (dirarampa dihartoskeun) asa rada kirang nyambung…tapi lebah maos kalimah ieu, asa aya nu ngaleketek kana manah “Tapi anehna, taneuh kebul mah sok dipikaresep bocah. Padahal dina taneuh kebul, sakadang tongo hirup lugina. Waktu budak ulin taneuh, eta sato teh napel jeung nyoco budak –biasana nyocona kana larangan budak lalaki atawa awewe. Nu dicocona tuluy bentol jeung beureum, karasana cenah ateul jeung peurih”..gening nembe cenah? teu acan kantos di coco kitu? hehe htr nhn kintunanna teh,

    • Hehehe…tacan kantos ah, ku tetep mah kantos hehe tah dina pingping kapungkur. Masih seueur nu lepatna nya, tacan diedit langsung diunggah. Kin urang edit deui kekecapanana. Nuhun…

  • Tinggalkan Balasan

    Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

    Logo WordPress.com

    You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

    Gambar Twitter

    You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

    Foto Facebook

    You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

    Foto Google+

    You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

    Connecting to %s

    %d blogger menyukai ini: