WAWANOHAN JEUNG FEMINISME

Chye Retty Isnendes

Mun teu wawuh moal wanoh. Mun teu wanoh moal bogoh. Mun teu bogoh moal dokoh. Eta babasan teh aya benerna. Kadang urang ngarasa teu resep, ijid, sebel, apriori, negative thinking atawa suudon tea ngajen hiji hal, boh ka jelema, boh ka barang, boh ka pamahaman (elmu). Sipat kitu teh cenah salah sahiji ciri-ciri sipat teu ilmiah, lantaran objek anu ku urang dipikaijid, dipikageuleuh, dipikasebel teh can dibuktikeun kumaha bule-hideungna. Malah dina agama mah dosa kapan hukumna suudon teh.

Geura nya, ujug-ujug sirik jeung geuleuh weh urang nempo awewe nu digawe kantoran, bari sama sakali teu ngarti bet eta awewe digawe kantoran, malah jadi bos sagala, nepi ka remen ninggalkeun anak jeung salakina. Memang kitu-kitu teuing tangtu teu bener nurutkeun agama jeung darigama. Tapi teu cukup ku alasan sakitu wungkul. Urang kudu objektif ngajen hiji hal, kudu dijawab pananya saha-naon-naha-di mana-kumaha teh (4W+1H) bari ngajembaran eta pertanyaan. Contona bae tina pertanyann ‘saha’, bisa dijembaran; saha eta awewe teh, saha salakina, anak saha manehna teh, saha bapana, turunan saha, jste.

Hal samodel kitu nerap oge dina ngajen papahaman jeung elmu. Kuring kungsi ijid jeung cua kana feminisme (tangtu bari teu maca kumaha sabenerna eta perspektif dina elmu humaniora teh). Tanpa ba-bi-bu, ijid weh, peun. Teu resep ngomongeun jender teh, teu resep ka nu aktif dina organisasi nu aya patalina jeung kajian-kajian kawanojaan (padahal kuring teh anggota PATREM jeung KSDS**) dina sawangan, kuring mah geus satata jeung lalaki, naha make kudu aya kajian-kajian samodel kitu. Teu perlu.

Reaksi nyawad-nyempad-ngawada-nolak feminisme teh horeng muncul tina apriori tea, tina suudon tea. Urang nolak feminisme, malah ijid ngadenge istilahna oge lantaran cenah; 1) feminisme datangna ti barat, 2) feminisme anti lalaki, 3) feminisme ngarojong ayana seks bebas, 4) feminisme identik jeung lesbianisme, jeung 5) lantaran urang teu maca, ngabuktikeun kumaha bule-hideungna. Ari geus ancrub mah, geuning el … da sanes kitu! Isin abdi. Kacian deh lo! (kitu panginten saur Ibu Tini Kartini bari gumujeng).

Harti Feminis(me)

Harti feminis(me) kudu dibedakeun jeung feminim atawa female. Feminisme mah hiji paham nu ngabahas posisi wanoja dina ngareaksi budaya patriarki (dominasi lalaki) sacara politis. Tah ieu nu penting, politisna atawa kumaha cara tindak nyanghareupan masalahna. Tabloid-tabloid wanoja nu aya di Indonesia, henteu bisa disebut tabloid feminis lamun nu dibahasna ngan saukur: cara ngarawat damis, pinareup, atawa salira, raksukan (mode pesta, mode pantai, atawa mode busana muslim), pakakas kageulisan, model rambut tren 20012, jsb. Misalna, peun tanpa ayana pamikiran proses anu leuwih jero dina ngarebut ma’na politis, nempatkeun maneh lain jadi objek tapi jadi subjek.

Kieu maksudna, conto kasus; keur naon urang ningalian busana muslim dina tabloid dina majalah ari euweuh muatan politis mah. Gulubur nu ungu geleber nu beureum, wungkul nembongkeun yen eta busana muslim teh alus pisan dipake ku awak urang nu jangjing jeung endah, alus lawonna, mahal hargana bari taya ma’na nu direbutna, nya eta: nyumponan kawajiban agama, nyumputkeun orat, jeung ningalikeun ajen diri (harga diri) wanoja muslim a nu tanggoh jeung pribadi nu masagi anu satata fungsina jeung lalaki dina kahirupan. Lamun eta ma’na geus karebut tur pribadi nu makena sadar yen manehna salaku subjek lain objek perancang busana, kakara bahasan model raksukan busana muslim teh ngandung muatan feminisme.

Anggapan nu Salah

Feminisme teh datangna ti barat, cenah. Ah henteu sakabehna enya. Nu penting mah essensina (eusi) lain ngaranna. Di tatar Sunda, saenyana geus aya feminisme dina tataran sastra. Dina sastra Sunda geus aya citraan-citraan feminis, tapi tangtu bae henteu disebut feminisme.

Dina sastra Sunda klasik, cobi mangga aos carita pantun Lutung Kasarung (LK) (nu ku Ajip Rosidi mah disebut leuwih merenah dijudulan Purba Sari Ayuwangi, cenah), Mundinglaya di kusumah (MdK), atawa Wawacan Purnama Alam (WPA). Citraan wanoja salaku ‘pengambil keputusan’ salaku subjek nu mandiri dina conto karya sastra Sunda klasik di luhur, sabenerna embrio tina feminisme karya sastra modern, conto nu paling natrat (modern): Puputon karya Aam Amilia.

Kumaha wanoja ditempatkeun dina posisi luhur, mandiri, tur politis, nyangkaruk dina tokoh-tokoh wanoja LK, MdK, WPA. Dina LK, lain Purba Sari nu jadi tokoh feminis natratna tapi Sunan Ambu, kitu deui dina MdK, lain Dewi Astri tapi Istri Raja (kadang sok disebut Dewi Rajamantri) – nu marentah Mundinglaya nepi ka kudu naek ka langit tur kudu nyangking lalayang salaka domas – jeung deui-deui: Sunan Ambu. Sedeng dina WPA, tabgtu wae tokoh feminisna Dewi Pramanik jeung Ratna Suminar.

Dewi Pramanik prototipe wanoja salaku manusa biasa anu luar biasa. Manehna geus wasa meruhkeun napsu amarahna nepi ka Ratna Sumina anu ‘luar biasa’ tur bisa ngapung oge jadi taluk. Sipat-sipat manusiawi nu napak dina kasawawaan ieu nu ngelehkeun sagala rupa kaahengan jeung kadigjayaan. Sifat-sifat sadar diri salaku wanoja ieu nu disebut feminisme. Dewi Pramanik jeung Ratna Suminar sanajan ahirna bipigarwa ku Purnama Alam, tapi duanana geus nempatkeun maneh salaku subjek nu pantes nyandingkeun Purnama Alam.

Dina Puputon komo deui, tokoh Asri jeung Mamay geus sadar diri, nempatkeun maneh salaku subjek pribadina. Ahir carita dipasrahkeun ku pangarang ka pamaca – hususna ka wanoja – mun pamaca jadi Asri, naha rek nempatkeun maneh deui jadi pamajikan Ismet nu jalir jangji; sanajan wenang ngadua? Atawa mun jadi Mamay, naha oge rek nempatkeun maneh jadi pamajikan Ismet deui tur ngarempak idealisme sorangan? Dua pilihan nu sulit. Asri jeung Mamay duanana tipe wanoja feminis nu geus sadar kana ajen dirina.

Tuh nya, jadi sabenerna feminisme datang ti Barat teh henteu sagemblengna bener. Nu benerna teh yen urang Barat mah geus bisa ngarumuskeun pamikiran-pamikiranana nepi ka jadi hiji teori. Anapon esensi teorina, sabenerna geus nyampak di unggal etnis jeung budaya.

Feminis di Indonesia

Feminis nu nyampak di Indonesia tangtu bae beda jeung nu aya di Barat. Feminisme di Indonesia geus nempatkeun maneh dina konsep nu orientalis (faham jeung ajen katimuran). Feminisme di Indonesia geus jadi hiji paham ngeunnaan kasadaran diri wanoja Indonesia dina ngarumuskeun dasar-dasar kafeminisanana. Malah aya kacenderungan, agama jadi hiji sumber ajen jeung pangajen kana ieu disiplin elmu kamanusaan, nu di Barat mah agama pisan nu dianggap ngahalangan  jeung nu diingkaran ku kaom feminis. Katingal ku urang patukang-tonggongna papahaman feminis Indonesia jeung Barat.

Teu aya dina kamusna hiji wanoja nu nganut feminis, bebas migawe seks bebas atawa panyakit-panyakit seks lianna, saperti lesbianisme. Sanajan enya, dasar-dasar feminis di barat asalna diperjuangkeun diantaran ku kaom lesbian, tapi upama dina kanyataan justru aya kaom feminis Indonesia nganut paham kitu, manehna can nepi kana enas-enas harti feminisme (Indonesia) atawa manehna katumpangan pahama sejen (marxis) atawa nganut kana paham kahirupan nu ngandelkeun kasenangan hirup (hedonisme). Lantaran dina komunis mah teu aya nu ngaranna ajen moral, nu aya teh rahayat ‘sama rata sama rasa, utamana rata dina pangasilan (ekonomi)’.

Feminis anti lalaki? Ah henteu deuih. Saha bae bisa jadi feminis atawa diajar feminisme. Ieu faham lain wungkul dianut ku awewe (kawin atawa tacan kawin), tapi oge ku lalaki. Di dunya sastra, aya ahli sastra nu nempatkeun maneh salaku panulis nu ngabahas feminisme, contona: Jonathan Culler, Wolfgang Iser, Ivan Ilich, Nadje Sadig Al Ali, nepi ka Ajip Rosidi jeung mansour Fakih. Bahasan-bahasanana ditarima malah dijadikeun acuan pustaka dina enggoning ngabejerbeaskeun feminisme –Sakaterang, sigana kakara Ajip Rosidi nu tulisanana ngabahas karya tina perspektif wanoja Sunda: Purba Sari Ayu Wangi jeung Jurig: Tini Kartini dina Ngalanglang Kasusastraan Sunda.

Kitu deui dina karya sastra. Teu saeutik karya feminis nu justru ditulis ku lalaki, jeung teu saeutik karya sastra nu ‘patriarkis’ ditulis ku awewe. Contona bae dina sastra Sunda, karya petingan nu ngandung ajen feminisme  (berperspektif feminisme) nu ditulis ku lalaki; Lain Eta (Moh. Amri), Baruang ka nu Ngarora (D.K Ardiwinata), Nu Kaul Lagu Kaleon (Rahmatullah Ading Affandie – kenging hadiah Rancage), jeung Sri Panggung (Caraka), Apun Gencay (Yus Rusyana dina Jajaten Ninggang Papasten) – kenging hadiah Rancage, jrrd.

Kitu deui tokoh-tokoh feminis dunya saperti Marry Eagleton, Juliet Michell, Moi Toril, atawa tokoh tokoh feminis Indonesia (ti UI) Rahayu Surtiati Hidayat, Nori Andriani, Aquarini Priyatna Prabasmoro, Sugihastuti (UGM), atawa peloporpemikir dina karya sastra Sunda; Tini Kartini, Ami Raksanagara, jeung Aam Amilia, estuning … narikah jeung teu nangtang kodrat (kagungan caroge). Jadi ceuk saha feminisme anti lalaki?

Sakieu heula bae. Wallohu’alam.

Udan Mas 64- Yogyakarta, 23 Pebruari 2003 tur diedit deui Juli 2012

Dimuat dina Mangle, Juni 2003

*haturan Ibu Tini Kartini sareng Ibu Holisoh ME (anggota PATREM)

Wilujeng kenging rancage 2003 mugi abdi tiasa neraskeun sumanget rancagena. Aamiin.

**Patrem – Paguyuban Sastrawati Sunda (Pupuhu 2003: Ibu Hj. Naneng Daningsih Saini KM, Pupuhu 2012: Ibu Hj. Yooke Tjuparmah SK)

KSDS – Komunitas Sastra Dewi Sartika (pupuhu: Ibu Tetet Cahyati Juniarso Ridwan)

2 comments on “WAWANOHAN JEUNG FEMINISME

  • sapuk bu, paham feminisme anu asli (murni) justru atos aya 1400 taun katukang di islam, Allah nyiptakeun lalaki jeung awewe pikeun silih lengkepan. Dina nyiptakeun manusa, sacara seksual Allah ngabedakeun dumasar jenis kelaminna anu miboga fungsi sacara biologis anu beda. Eta hal teh aya Q.S Al-Hujurat ayat 13, yen Allah nyiptakeun lalaki jeung awewe teh sarua pikeun menangkeun derajat takwa. Dina eta ayat Allah make kecap dzakar pikeun ngawakila lalaki jeung kecap untsa pikeun ngawakilan awewe. Beda halna jeung dina Q.S An-Nisa ayat 34, Allah make kecap ar-rijal pikeun ngawakilan lalaki jeung kecap an-nisa pikeun ngawakilan awewe. Hartina dina eta ayat, Allah ngabedakeun posisi lalaki jeung awewe dumasar genderna, ari gender eh nya eta konsekuensi logis tina hakekat diciptakeunna manusa sacara seksual. Hartina lalaki jeung awewe miboga potensi dasar (fitrah) anu beda, anu ngabalukarkeun duanana miboga peran jeung posisi sewang-sewangan. Kumaha islam ngamulyakeun anu jadi istri, nalika baheula samemeh islam aya (jaman jahiliyah) kumaha nasib istri jaman harita? seueur anu diarah pati tur diapilainkeun. tapi saba’da islam datang, subhanallah.

    Taun kamari rame isu Undang-Undang Kesetaraan Gender jeung isu ngeunaan kawijakan Menkes anu rek ngabagikeun kondom sacara haratis pikeun rumaja, alesanana sangkan nyingkahan sumebarna virus HIV-AIDS di kalangan rumaja. Sihoreng eta teh dibalukarkeun ku paham feminis anu sumebarna ti paradigma barat, padahal manehanana mah ngahaja nyieun konsep-konsep anyar ngeunaan feminisme anu salah tur disalewengkeun tina hakikat bebeneran anu mistina, eta hal samodel kitu teh disebut ghazwul fikri (perang pemikiran) mangrupa salah sahiji strategi kaum barat (yahudi) pikeun ngahancurkeun islam sacara apik (perlahan tur saeutik-saeutik).
    Wallahu’alam bishowab.🙂

  • Tinggalkan Balasan

    Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

    Logo WordPress.com

    You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

    Gambar Twitter

    You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

    Foto Facebook

    You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

    Foto Google+

    You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

    Connecting to %s

    %d blogger menyukai ini: