PAMAJIKAN SI KABAYAN

: Chye Retty Isnendes

(Dimuat dina Cahara Bumi Siliwangi Edisi Maret 2009)

 

Saha ari pamajikan Si Kabayan (SK) teh? Salila ieu urang apal, yen pamajikan SK teh Si Iteung ngaranna. Ke heula, aya keneh, salian ti Si Iteung, pamajikan SK teh aya nu ngaranna Si Itok jeung Si Saikem. Tilu ngaran eta katelah ngaran pamajikan SK. Naha bet Iteung? Naha bet Itok? Naha bet Saikem? Iteung soteh kapan tina kecap ‘hideung’, landian pikeun jalma nu pakulitanana hideung; lestreng. Ari Itok, kapan landian oge ka jalma nu cenah keureutanana ‘betekok’. Ari Saikem soteh lain loba mingkem tapi justru loba cangkem; galak, da pagaweanana pasea wae jeung salakina nu kedul.

Leuh meni garoreng kitu pamajikan SK teh. Meujeuhna bae jeung SK mah meureun. Kaasup kana pantes, ninggang kana paribasa pariuk nimu kekeb. His, lain ngahinakeun ieu mah, tapi napsirkeun tina kecap, materi nu katara. Kajian tanda atuh, lah, gayana mah. Leuwih gaya deui atuh, nya kajian semiotik disebutna.

Saestuna tina harti nu kahiji, pakulitanana hideung lestreng jeung keureutanana betekok sarta loba cangkem teh, ningkat kana harti nu kadua, yen hideung teh balas kapoe lantaran getol digawe mantuan bapana, mitohana SK, di kebon; di huma; di sawah. Tuh, kacida mulyana kapan. Sanajan misalna, motivasi asalna teh lantaran boga salaki pangedulan, sedengkeun beuteung mah teu cukup wareg ku gogoleran, hees, atawa kutuk gendeng.

Kacida mulyana Si Iteung; Si Itok; Si Saikem teh batan SK nu kedul, tina sisi etos kerja mah. Jeung deuih wanoja model pamajikan SK teh kaasup kana istilah perempuan perkasa, mun ditilik tina sawangan feminisme mah, sanajan ditibanan kateuadilan ku SK, lalaki.

Nya ari keuheul sakali dua kali mah, wajar bae. Maseaan salaki nu pangedulan ge wajar keneh. Asal ulah ngarasula. Urang oge ma’lum bae ka Si Iteung nu nyuntrungkeun SK ka sawah dina ‘SK Ngala Tutut’ atawa manjur awak SK nu ngagojod bae di pangkeng, atawa ceurik gegejret bari ngabalangkeun suluh dina naskah drama ‘Tukang Asahan’ karya Wahyu Wibisana bakat ku keuheul ka salaki nu kedul tapi pinter omong, embung ngelehan ka pamajikan. Urang ge ma’lum ka Si Saikem nu nepi ka ngarangsadan SK sanggeus gor-gar bakating ku keuheul tea ka salaki nu pangedulan dina SK jadi Dukun karya Moh. Ambri.

Sacara umum mah Si Iteung; Si Itok; Si Saikem teh kaasup kana golongan istri nu bageur jeung toat, nyaah deuih ka salaki. Buktina sakitu keuheul kana kalakuanana, daek we ngahuapan SK nu api-api gering dina ‘SK Gering’. Atawa haat keneh mikarunya-mikamelang ka SK nu asup bui jeung ngabedokeun menta diberesanana. Tah eta pamajikan SK nu kawentar ku ngaran Si Iteung; Si Itok; Si Saikem –sanajan ngaran pamajikan SK; Si Saikem mah, ayeuna teu pati popiler deui.

Salian ti tilu ngaran pamajikan SK tadi, aya keneh kitu ngaran pamajikan SK nu lian?

Aya keneh. Dua deui. Malah disebutkeun yen pamajikan SK teh tujuh (7) cenah. Ceuk saha? Ceuk dongeng SK ti wewengkon Banten. Dina dongeng ti wewengkon Banten, aya dua ngaran pamajikan SK nu disebutkeun tina tujuh teh, nyaeta: Camuweuk jeung Kendeng.

Eta dua ngaran, urang bere ma’na ku kajian tanda. Camuweuk konotasina sawarna jeung ules hawuk; abu-abu (atawa boa hideung lagedu?), kumusut, teu suranyeh pikaresepeun, buukna ngarambueuk, jeung goreng patut. Jadi kitu pandena Si Camuweuk teh. Ari Kendeng nyokot tina ngaran Gunung Kendeng nu kasohor di Tatar Banten. Jadi Si Kendeng pamajikan SK teh urang gunung. Ari urang gunung, pan tukang ka gunung; tukang gawe di kebon di huma. Jadi Si Camuweuk jeung Si Kendeng teh sarimbagan keneh dina tangtungan mah jeung Si Iteung; Si Itok; Si Saikem.

Lucuna, lima ngaran pamajikan SK teh (Si Iteung; Si Itok; Si Saikem; Si Camuweuk; Si Kendeng) papalingpang jeung ngaran indungna atawa mitoha awewe SK; Camentring, nu ngebrehkeun cahaya, herang, bersih, gumebyar, jeung geulis. Jadi tina ngaran wungkul geus dicitrakeun yen pamajikan SK mah teu pikaresepeun, sabalikna ti indungna. Kaharti lamun nepi ka SK resep ka mitoha awewena teh. Malah ‘ada maen’ sagala, kitu dicaritakeun dina dongeng SK versi wewengkon Banten mah.

Dina dongeng SK versi Banten, sadayana teks nyaritakeun kumaha kalakuan pamajikan SK nu teu pati nyaaheun ka SK; teu bisaeun masak (ngan ukur bisa masak dage kacang, cenah); pangedulan dina ngurus imah; leuwih suka indit ka huma (ka pagawean) jeung bapana (mitoha lalaki SK); polos; budak keneh; rada belegug nepi ka pagawean di imah sapuratina ditangkes ku indungna. Ana kitu mah luang di imah leuwih remen dieusian ku indungna jeung ku SK nu pangedulan, nepi ka kaharti aya hubungan husus antara eta dua jalma ge.

Pikeun kaperluan atikan moral jeung citra positif SK sangkan ditarima ku masarakat rea, kalakuan SK nu rucah jeung kurang warah dipiceun, ngaran pamajikan SK Si Camuweuk, nu hese diucapkeunana (tilu engang), jeung Si Kendeng (teu familiar; aneh) dikubur teu dipucunghulkeun. Kitu deui ngaran Si Saikem nu galak loba cangkem teu loba diekspos. Sacara umum, SK versi Priangan leuwih ditarima ku masarakat Sunda.

SK nu dipikawanoh kiwari, SK nu cenah ‘teu nanaon ku nanaon’; SK nu boga pamajkan nu ngaranna Si Iteung; Si Itok, nu leuwih gampang diucapkeun jeung lucu kadengena, sarta suhud kana digawena jeung bisa ngurus rumah tangga. Tah, suhud digawe jeung parigel ngurus rumah tangga ieu nu ngabedakeun pamajikan SK versi Banten jeung versi Priangan teh, najan tangtungan mah sarua kumaha prahna wanoja lembur.

Satemenna, rancage dina gawe; tanggung jawab di kulawarga; teh kawajiban salaki jeung pamajikan. Lain wungkul kawajiban salaki, komo kabeh ditibakeun ka pamajikan mah, kacida salahna. Duaan paheuyeuk leungeun, eta nu utama.
Wallahu ‘alam.***

Sukawangi, 4 Maret 2009

Bahan bacaan tina sawatara sumber

10 comments on “PAMAJIKAN SI KABAYAN

  • Deudeuh teuing iteung jeung itok…sing sabar..hehe
    tapi leres sarae pisan sipat ti pamajikan SK nu dua ieu teh.. sae kanggo eunteung

  • Abdi mah sok karunya ka Mang Kabayan teh! Heuheuheu…Naha jalmi nu Intuisi-na nyongcolang bet disaruakeun jeung jalma bodo? Sabalikna, jalmi nu uteukna nyongcolang bari kalbu-na teu guna, bet mindeng disebut pinter, jiga hirup teh anggeus di dunya ieu wae, hehehehehe

    • SK teh tokoh ciptaan jalmi-jalmi dina mangsana, dibaca deui ku urang dina tataran kaayeunakeun. Manehna mawa sora-sora mangsa heubeul tur disoraan deui dina mangsa kiwari… Janten bodo atanapi pinterna, gumantung urang nu ‘macana’.

  • Abdi ge kantos maos eta karya teh dina Cahara, sabbalik-dua balikan oge lumayan kacangkem. nanging nu jadi kahook teh, bet tiasa kitu panulisna kaemutan kana hal-hal nu kitu jeung tiasa mungkus eta karya dina basa nu langkung komunikatif. sim kuring mah teu rengse-rengse diajar nyerat hiji karya oge, bangbaluh nu nomer hijinamah kirang referensina. pamudah-mudahan we kapayunamah tiasa nyerat, kalayan seratan nu layak di publish. kalayan tangtosna mah nyuhunkeun apinganna Bu..

  • Tinggalkan Balasan

    Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

    Logo WordPress.com

    You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

    Gambar Twitter

    You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

    Foto Facebook

    You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

    Foto Google+

    You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

    Connecting to %s

    %d blogger menyukai ini: