INDIGO-NA INDA NUGRAHA HIDAYAT

: Chye Retty Isnendes

(1)

Wanoh ka ngaran Inda Nugraha Hidayat teh tina Facebook, lantaran jadi teman tangtu ahirna jadi macangkrama. Nya macangkramana mah di dunya maya wae, dina komentar, dina inbok, dina sms, katut ngadenge sorana da kungsi nelepon. Wanoh enya ka jinisna mah encan, da di dunya nyata mah can kungsi panggih. Anapon kitu, tina basa nu nonggerak dina status dina karya-karyana (utamana fikmin), Inda nyaritakeun saha ari dirina teh. Tangtu bae henteu nyaritakeun sakumaha ilaharna jalma papahareup, tapi basa memang mangrupa tanda nu dipotensikeun ku Allah ka manusa, nepi ka tina basa nu nyarita hiji jalma bisa maca eta tanda-tanda.

Beuki lila macangkrama dina dunya maya, beuki katiten karya fikminna nu murudul jeung daria. Malah kacatet fikminna dina Fiksimini Basa Sunda (FBS) geus aya kana 211 naskah. Hartina proses kreatifna teu kendat, Inda terus nyieunan jeung ngapungkeun naskah nu dianggapna hasil ka eta grup. Tacan nu teu diapungkeun ka eta grup, nu diapungkeun dina akunna sorangan atawa nu diceungceum keneh tacan dikaluarkeun. Hal eta nembongkeun proses kreatifna nu teu petot ngajaga sumanget nulisna.

Saha atuh Inda teh? Saeutik meunang katerangan dina FBS, ieu ari Inda teh, cenah. Inda Nugraha Hidayat. Kungsi maké sandiasma Agha N Graha. Teureuh Kampung Dukuh Pakidulan Garut. Icikibung dina kubangan sastra jeung téater ti taun 2003. Sawatara tulisanna kungsi meunang panglélér dina saémbara nulis. Sawatara séjénna kungsi midang dina média citak. Aya ogé nu medal winangun antologi babarengan jeung pangarang séjén. Antologi tunggalna nu munggaran, kumpulan fiksimina basa Sunda, Lalaki na Bulan Keretas medal dina bulan Agustus 2012. Ahir taun 2012, medalkeun buku fiksi nu diropea tina sajarah lisan, Eyang Sakti Barang. Ayeuna, jeung anak pamajikanana nganjrek di Magelang Jawa Tengah (http://fikminsunda.com/profil/1102291740)

Tuh, buku kumpulan fikminna ge geus dua. Ieu ningalikeun tarekah Inda nu daria dina proses kreatifna, leupas tina sual diterbitkeunna ku penerbit mana-manana. Memang karya teh pikeun pangarang (boh pangarang boh panyajak boh fikminer) mah anak pituin nu dinangna-nengne, komo mun aya modalna mah unggal pangarang tangtu hayang ngajanggelekeun karyana winangun buku. Mun geus nepi ka jadi buku ieu hal jadi hontalan nu luar biasa pikeun pangarang. Atuh engke bukuna diapresiasi ku pamaca, eta mah kasugemaanana sa-deui.

Buku Indigo Inda

Buku Indigo Inda

/2/

Waktu Inda nyodorkeun fikminna pikeun dipanganteuran, sabenerna rada ham-ham. Lain ku nanaon, pikeun kuring, fikmin tacan ajeg kalungguhanana dina hasanah sastra Sunda sacara konseptual. Padahal ceuk Teeuw, hal pembacaan, pemahaman, dan penilaian karya sastra yang sebaik-baiknya tidak mungkin tanpa rangka teori yang jelas dan tegas. Tapi kapan fikmin tuluy dijarieun diaraku diapresiasi, malah hirup tumuwuh subur dina media online tur aya grupna nu kasohor FBS nu kagiatan-kagiatanana dituluykeun dina dunya nyata. Ti dinya oge lahir rupa-rupa konsep ti para praktisi ngeunaan definisi fikmin, malah ceuk sabagian para praktisi, fikmin teh mangrupa wanda anyar (genre) anyar dina hasanah sastra Sunda (sastra sampeuran enya, beunang ngundeur tina sastra Indonesia nu sumender kana ungkara sastrawan dunya Hemingway, yen cerita fiksi itu cuma enam kata, selebihnya adalah imajinasi; padahal sastra sampakan ge da enya kapan napak dina dongeng-dongeng pondok.)

Anapon kitu, upama diteundeun dina kalungguhan teori sastra, fikmin teh bagian tina tulisan fiksi (rekaan, lain fakta) nu biasana wangunna prosais (ngaguluyur), sanajan bahanna bisa mangrupa basa-basa konotatif nu dipadetkeun cara puisi. Hal ieu ngarujuk kana penggolongan wangun sastra Plato jeung Aristoteles nu dimekarkeun ku kritikus-kritikus Jerman ahir abad ka-18 jeung awal abad ka-19. Beh dieu, wangun fiksi ieu sok disebut wangun prosa, nepi ka dina penggolonganana, karya sastra dibagi tilu wangun, nyaeta: puisi, prosa, jeung drama. Nu engkena tina eta tilu wangun teh, ngajanggelek deui rupa-rupa wangun husus, misalna wae dina hasanah sastra Sunda, dina prosa Sunda urang apal kana ayana wangun dongeng, roman, novel, jeung carpon. Tah, fikmin sabenerna mawa persoalan-persoalan anyar nu kudu dipedar jeung dibereskeun kalawan teoritis.

Persoalan kahiji. Upama kiwari fikmin diasupkeun jadi genre anyar dina sastra Sunda, naha cukup bahan dina ngabedakeun fikmin jeung carpon? Sedengkeun dina carpon ge pan aya nu disebut carita pondok panjang (long short story), carita pondok (short story), jeung carita pondok nu pondok (short short story). Tah sabenerna dina carita pondok nu pondok, fikmin bisa kaakomodir, jadi mangrupa bagian tina wangun nu ieu atawa disebut varian tina carpon pondok nu pondok tea. Ku naon sababna kitu? Lantaran unsur pangwangunna ge sarua jeung carita pondok hususna jeung prosa umumna, nyaeta ayana tema, fakta carita (tokoh, kasang tukang (waktu; tempat; sosial), jeung alur) jeung sarana carita (judul, sudut pandang, gaya basa, humor, jste). Nu ngabedakeunana lobana kecap wungkul nu ahirna jadi sarwa singget jeung ringkes. Contona bae Eddy D. Iskandar kungsi nulis cerpen dina Horison Th XI, Juni 1975:185. Eta cerpen teh teu dipiceun sasieur jeug fikmin. Lobana kecap dina eta cerpen aya 83 kecap, singget, pepel, jeung nyolong bade dina pungkasanana ge asyik pisan. Di dinya Eddy mere ngaran tulisanna ku istillah cerpen, cerita pendek.

Persoalan kadua. Upama keukeuh ngabedakeun fikmin jeung carpon lantaran basana nu padet kawas bahan sajak, naha teu diasupkeun kana wangun puisi bae? Lantaran dina fikmin kadang leuwih liris batan prosais. Anapon kalirisan teh jadi salah sahiji ciri dina puisi. Kitu deui perkara subjek lirik nu kapanggih dina fikmin. Subjek lirik (tokoh nyamuni nu biasana kapanggih dina puisi atawa hususna wangun sajak) kadang jadi bagian tina fikmin, lain tokoh nu nembrak cara dina prosa. Upama cenah wangunna prosais, pan aya deuih sajak-sajak nu prosais.

Persoalan katilu. Upama ngarujuk kana istilah tulisan fiksi nu ukur merelukeun ungkara genep atawa sapuluh kecap, naon bedana jeung klausa dina linguistik atawa malah sakecap ge upama ngandung harti mah jadi wacana? Komo upama saparagraf atawa saalinea. Tah sudut pandang ieu oge sakudu diteleban. Rek ditempatkeun dimana fikmin teh? Kabasaan atawa kasastraan? Ulah nepi ka nyalahkeun konsep-konsep sastra dina pangajaran.

Persoalan kaopat. Fiksionalitas dina fikmin mangrupa ciri pikeun tulisan sastra, padahal upama ngarujuk kana persoalan katilu, atuh fikmin teh lain asup kana wilayah sastra? Tapi fenomena kabasaan nu aya dina wacana, ku kituna mere pangajenna ge lain sumender kana prinsip-prinsip sastra atuh tapi kana prinsip-prinsip basa.

Hal-hal nu ditulis teh taya maksud nanaon tapi skeptisisme nu ditembrakkeun dina kapentingan elmu jeung usaha nempatkeun kalungguhan fikmin dina teori. Upama kamerenahan sacara konseptual bisa dipertanggungjawabkeun, dina mere pangajenna ge bakal merenah. Sudut pandang; perspektif; atawa paradigma eta sabenerna lain alat ukur kaproduktipan dina ngalahirkeun karya, karya mah bakal tuluy lahir tanpa dibarengan ku teori ge. Tapi lantaran patalina jeung fenomena fikmin nu ngetrend jeung dipigandrung nepi ka asup ka wilayah formal –sakola, atuh sudut pandang; perspektif; atawa paradigma jadi alat dina studi pikeun nempatkeun kamerenahan tafsir jeung mere pangajen kana teks fikmin, lantaran daek teu daek bakal pulang anting kana wangenan (definisi). Salian ti dina sisi teori sastra (mun bagian tina kajian sastra), fikmin oge kudu dipaluruh tina hal kasajarahanana atawa sajarah sastra kalayan sinkronik jeung diakronik.

Lantaran tacan aya kacindekan nu jinek sacara kaelmuan ngeunaan fikmin, sedengkeun fikmin tuluy hirup ngagalura, utamana patali jeung media nu ngalahirkeunana katut hirupna: teknologi digital nu jadi pangabutuh sarerea, kudu nyekel ka nu mana atuh waktu mesekna? Ngaleupaskeun konsep tradisional da aya trace atawa tapak yen dina fikmin aya tokoh, aya plot, aya setting, aya pungkasan, aya gaya basa, aya humor, cindekna aya unsur-unsur konvensional sastra prosa, hususna deui carita pondok. Nyieun bae nu anyar da kapan lahirna ge tina kamutakhiran media, kaci? Kaci, ngan nyaeta kudu dipadungdengkeun.

Bari nungguan (deui) padungdengan nu leuwih teleb ti para ahli sastra, fikmin-fikmin nu Inda rek dicobaan bae disurahan ku resepsi sastra Jausz. Asumsi yen fikmin teh mangrupa karya sastra kalayan gembleng, urang tarima bae heula. Anapon wangunna naon, nya ceuk sim kuring mah ieu teh mangrupa varian tina carita pondok nu pondok.

/3/

Fikmin-fikmin Inda nu dideres teh aya 102. Sabada dibaca dibulak-balik, tina 102 fikmin Inda temana lolobana bet pati. Di sagedengeun ti pati, Inda oge lolobana nulis fikminna dina tema-tema: wirang, rucah, nirca, jeung nista. Tema-tema kieu ngagambarkeun kahirupan nu teu ilahar (di luareun sistem norma nu aya). Naon sabenerna nu hayang ditepikeun ku Inda ka para pamacana?

Kahirupan-kahirupan nu digambarkeun ku Inda napak dina peralihan manusa urban, tina budaya agraris nu nawarkeun sistem nu jelas kana budaya urban nu nawarkeun kateujelasan sistem. Manusa-manusa urban lir leungiteun pamuntangan, gupuy-gapay, nepi ka sagala dipaju. Batas haram-halal teu jelas, cinta nu teu ilahar, hirup dina kanircaan, rumah tangga leungiteun orientasi, perselingkuhan, nepi ka ngalambangsari aya dina fikmin Inda.

Naha mungkin Inda motret kanyataan? Mungkin wae. Upama ieu bener, seniman-sastrawan kudu taki-taki jeung waspada dina ngaraeh eta kanyataan dina tulisanana ulah nepi ka ngasongkeun bacaan nu jadi tuntunan pikeun generasi satuluyna. Satekah polah maranehna kudu memeres realitas sosial nu rusak dina tulisanana. Upama Inda ngagugulukeun imajinasi, imajinasi kudu diilukeun kana tanggung jawab. Imajinasi kudu jadi kritik sosial kana kaayaan realitas nu aya.

Numutkeun Jausz, dina sastra aya tilu kamungkinan nu patalina jeung kamasarakatan. Eta tilu kamungkinan teh nyaeta: 1) afirmatif-normatif, 2) restoratif, jeung 3) inovatif-revolusioner. Nu kahiji, dina karya Inda katangen oge perkara afirmatif-normatif, nyaeta netepkeun jeung nguatkeun struktur norma nu aya. Misalna wae dina masalah religiusitas, cinta, jeung pati. Nepi ka iraha bae oge, manusa bakal kekeunaan ku tilu hal ieu: religius, cinta, jeung pati. Inda aya dina guliweng ieu, da memang eta mah hal nu fitrah jeung mangrupa sunatullah manusa dina ngalaksanaeun kahirupanana di alam buana. Nu kadua, Inda oge nawarkeun restorasi atawa ngukuhan norma-norma nu rek leungit, misalna wae masalah norma indung jeung anak dina “Nu Menta Dihampura”, “Nu Marudah Luhureun Sajadah”, jrrd. Dina “Nu Menta Dihampura” tina kasang tukang legenda Sangkuriang-Dayang Sumbi, Inda ngukuhan norma yen budak tetep di salah nganiaya nu jadi kolot (Si Tumang), tur kalakuan anak (Sangkuriang) teu bisa dihampura kitu bae; tetep jadi hiji kadorakaan. Kitu deui dina “Nu Marundah Luhureun Sajadah”, Inda mertahankeun ajen-inajen religius nu aya di masarakat di lingkungan nu dipikawanoh ku inyana. Nu katilu, ku kamampuhna Inda nyusun fikmin dina teknik nu anteb jeung unik inyana geus ngebrehkeun lengkahna nu inovatif, utamana dina mikmin, jeung milih tema nu ngabaruntak kana sistem nu mapan jeung normatif tea. Dina wilayah ieu, engke bakal aya patalina jeung tehnik ngetrukkeun gagasan Inda nu baruntak kana sistem, nepi ka fikmin Inda loba nu surealis.

Surealisme taya lian ti paham nu nolak rintang panghalang kana kreativitas seni anu bebas, kaasup nalar-logika, ugeran moral, konvensi-konvensi, jeung norma-norma sosial jeung kesenian. Pangarang nganggap leuwi batin jadi sumber utama, ku kituna sakapeung ditulis dina kaayaan satengah sadar nu muhit kana impian, pastastisme, oge mungkin halusinasi. Upama maca fikmin-fikmin Inda, kitu pisan nu kapanggih. Kalan logikana teu kaharti perelu sababaraha balikan pikeun miharti maksud fikminna. Tapi dina gaya surealisme ieu, urang paham gagasan Inda nu inovatif jeung sakapeung revolusioner.

Judul buku ieu kumpulan fikmin teh Indigo. “Indigo” teh salah sahiji karyana nu nyongcolang jeung geus hasil ngagabungkeun tilu konsep Jausz. Dina “Indigo”, Inda mihapekeun sawanganana ka budak nu boga kapunjulan nempo dunya tan kasat mata; dunya lian nu teu ilahar. Bebeneran agama jeung darigama ku budak indigo ditetepkeun mangrupa pengakuan kana dunya gaib nu mangrupa salah sahiji ciri kaimanan dina agama. Ku Inda oge dikukuhan yen budak indigo perelu dipalire jeung norma-norma agama nu tartib, hidmat, ihlas kudu dibeberes deui. Ulah agama ukur legitimasi sosial wungkul tapi kudu jadi kasalehan pituin dina pribadi nu nganutna. Tur eta kasalehan teh kudu jadi ajeg dina ranah sosial, yen sakuduna urang henteu munapek dina agama henteu hipokrit dina kahirupan sosial jeung nagara. Dina “Indigo” oge, Inda ngainovasi kakuatan batin jeung teknis mikminna. Pungkasan fikminna endah pisan: ngagetkeun jeung ironi. Renjagan nu kudu diapresiasi kalawan kajembaran hate nu luar biasa.

Fikmin “Indigo” minangka inten nu kapendem dina kalara-pati-wirang-rucah-nista-tur kateuilaharan tema-tema nu diasongkeun ku Inda ka nu maca. “Indigo” cocog pisan jadi judul ieu buku Indigo. Salian ti eta, kalancaran carita jeung katabahan kana basa Sunda hiji budak ngora nu ngaran Inda nembongkeun kaindigoan inyana dina dunya fiksi nu mini. Eta pisan kakuatan Inda. Anapon masalah teknis ngawangun kalimah nu pararondok, padahal sacara sintaksis eta mangrupa bagian tina kalimah panjang, bisa diomean. Atawa milih tema-tema nu patalina jeung tanggung jawab manusa salaku pamingpin di alam dunya ge, bisa domean. Nu kudu digurathandapanana lain perkara licentia poeitika jeung estetika basa tapi logika mikir nu –bisi—pararondok, loba titik jeung randegan. Dina puisi eta mangrupa bagian tina henteu-langsungna ekspresi, tapi dina fiksi nu naratif tea, eta bagian tina logika basa.

/4/

Pamungkas, wilujeng ka Inda Nugraha Hidayat. Hampura bisi ieu panganteur panjang teuing. Inshaallah Indigo jadi originalitas fikmin Inda nu samemehna masih nyalusur daya ungkarana.*

 

Cigugurgirang-Bandung, 050814

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: