Kritik Sastra: SORA WANOJA

Chye Retty Isnendes

1

Upama tepung jeung sastrawan kahot; Wahyu Wibisana, anjeunna sok naros: keur mikiran naon ayeuna? Atawa naon nu keur ditulis ayeuna? Sakapeung kuring sok era pareng keur ‘teu mikiran nanaon’ atawa ‘teu keur nulis nanaon’. Era, teu aya pisan guam boh mikir boh ketak. Lamun keur kitu kuring sok ngajawab bebelepbepan bari miceun salasah nyalenggorkeun obrolan ka nu sejen-sejen.

Pareng tepung deui, pertanyaan anjeunna tetep kitu; keur mikiran naon ayeuna? Atawa keur nulis naon ayeuna? Kitu we jeung kitu. Lila-lila kuring ngondisikeun maneh upama anjeunna naros kitu dimana tepung. Kuring ge sadar anjeunna keur nepakeun pangaweruh, ngadidik kritis sangkan uteuk teu kuled dipake mikir, jeung deui kudu aya kreativitas (guam-ketak) dina kahirupan urang.

Saur anjeunna, sakali mangsa, di dieu (ka sasaha anjeunna sok nga-didieu-keun dirina pribadi, nga-didinya-keun ka nu diajakna nyarita) lain agul atawa sombong tatanya teh tapi keur ngabiasakeun ngobrol (diskusi) nu aya pulunganeunana, bari metik, bari mulungan ti nu ngarora! Lain ka saurang deuih nanya teh tapi ka sakabeh nu deuheus, nu ngarora utamana, mun pareng tepung!, kitu saur anjeunna. Eum jadi era sorangan diasoran ku nu kahot.

Upama pertanyaanana diwaler, anjeunna sok tuluy naroskeun itu-ieu, ngarambat bae. Diskusi antara anjeunna jeung kuring sakapeung sok silih hualkeun teori (ontologi), pakuat-kuat argumen, tuluy sok nyabit-nyabit kumaha metode penerapanana (metodologi). Ieu jadi hiji perhatian pikeun akademisi nu tara ngahirupkeun meja-meja intelektualna nu cenah ngilmiah.

Hiji mangsa, anjeunna naros deui, pertanyaan nu kitu-kitu keneh tapi hese jawabanana. Nuju ngemutan pendekatan Kritik Sastra Feminis sareng aplikasina dina hasanah sastra Sunda, tembal teh. Anjeunna ngudag, cik-cik kumaha jeung naon eta teh, saur anjeunna giak.

Atuh kuring ngadadarkeun Kritik Sastra Feminis (KSF) sakamampuh kuring. Enya waktu eta diajarna ge can cacap can ngawasa eta pendekatan kalayan gembleng (harita kuring keur kuliah di UGM). Tina diskusi panjang, nu katangkep ku kuring, anjeunna cangcaya kana peran jeung kagunaan KSF. Kacangcaya nu biasa karandapan upama kuring ngobrolkeun KSF, utamana ti kaum lalaki nu salila ieu (dianggap) ngawasa jagad paelmuan jeung kahirupan. Tapi alusna, kacangcaya anjeunna jadi motivasi pikeun kuring diajar sangkan leuwih jero jeung daria ngeunaan hal ieu.

Dina ahir diskusi, anjeunna naros, kurang-leuwihna kieu. Kieu we atuh, di dinya ngarasa satata teu jeung lalaki? Tangtos satata, jawab teh. Saur anjeunna deui, tah ari kitu mah meureun teu perlu persfektif kawanojaan teh? Teu perlu feminisme jeung KSF dina sastra teh. Lalaki jeung wanoja satata euweuh perbedaanana, peun.

Kuring ngahuleng jeung ngabenerkeun argumen anjeunna. Diskusi nepi ka dinya lantaran kuring teu bisa ngajawab deui. Kuring jeung anjeunna sasalaman. Anjeunna nganuhunkeun  geus bisa diskusi jeung kuring (padahal sakuduna kuring nu miheulaan nganuhunkeun, diajak diskusi ku nu dihormat katut dipikareueus ku kuring, ditambahan pikiran sangkan bisa ngobet enas nu didiskusikeun J).

Ti harita pertanyaan anjeunna nu nohok teh jadi pikiran kuring. Sajeroning kuliah teh, kuring neangan jawaban kana masalah Feminisme nu diwada, didebat, dipikaijid, disanghareupan kalawan cangcaya, sinis, apriori, jrrd, jrrd.

Kuring harita ngabenerkeun asumsi Wahyu Wibisana, yen ari ngarasa satata mah keur naon diajar KSF? Kuring tuluy galenyepan jeung ngotektak eta teori. Nepi ka kuring boga pamanggih anyar, yen Feminisme salaku konsep, hususna KSF salaku pendekatan perlu jeung penting dina jajaran teori sastra jeung teori humaniora sejenna. (Ieu hal teh jadi tesis kuring satuluyna nu ngangkat novel Puputon karya Aam Amilia jadi tugas karya ilmiah dina ngarengsekeun kuliah S2 kuring di UGM).

2

Ilustrasi

Kuring teh digedekeun tanpa kanyaah hiji bapa (lalaki, lantaran bapa pipirakan jeung indung). Nu mikanyaah jeung ngagantikeun peran bapa teh taya lian Aki (lalaki), kuring oge meunang kanyaah ti mamang jeung ua-ua (lalaki). Tina pangalaman hirup ditekenkeun yen lalaki teh istimewa, yen lalaki teh kudu jadi panyalindungan, lalaki kudu bisa ngimaman, lalaki kudu bisa mutuskeun perkara, lalaki kudu neangan napakah, jste.

Sikep di kulawarga jeung di masarakat mangaruhan pribadi kuring. Kuring ‘dipangaruhan’ ku sikep api lain ka nu jadi bapa (lalaki) tapi kuring oge butuh ku kanyaah hiji bapa tur migandrung tokoh aki (lalaki). Sikep midua kieu dipupuk tuluy dina jiwa nepi ka kuring sok ngarasa leuwih lalaki batan wanoja. Malah identifikasi diri jeung manifestasi harepan taya lian ti HAYANG JADI LALAKI!

Buku-buku sastra nu dibaca boh  karya boh teori kapan umumna beunang lalaki. Pangarang-pangarang kahot nu jadi implengan kuring nepi ka ngalamun hayang bisa ngarang siga maranehna teh taya lian ti pangarang lalaki. Dina ranah sastra mah kuring malah hayang jadi (hayang siga) AJIP ROSIDI!

Sanggeus bisa ngarang carpon, karya kuring sok diledek ku Kang Tatang Sumarsono (lalaki). “Karya Chye mah nyaritakeun diri sorangan (wanoja)”, meureun maksudna mah rek nyarita yen karangan kuring teh goreng da ngan nyaritakeun maneh (diri wanoja) wungkul. Malah Dadan Sutisna, adi dina kapangarangan kungsi nulis yen “karangan-karangan Retty ukur nyaritakeun pangalamanana pribadi”.

Kuring sabenerna kasigeung, tapi TEU BISA NYOARA. Naon nu rek disoara-digorowokkeun? Kuring sorangan bingung. Kuring kungsi nganggap karya kuring goreng patut lantaran  teu bisa ngaekspresikeun dunya luar, saluareun kuring nu wanoja.

Padahal salaku pangarang, sakuduna nyaho yen  karya sastra teh memang idena tina dunya nyata (fakta), tapi geus jadi karya mah geus lain deui sajarah atawa biografi pangarangna tapi jadi jenis karya nu dipilih jadi wadah ekspresina, boh novel, boh carpon, boh sajak misalna.

Pangalaman enya jadi kasang tukang munculna ide. Tapi sanggeus jadi karya kapan sabaraha persen nu muncul tina total pangalaman pangarangna. Di dieu ayana orisinalitas teh (ajen anyar, kebaruan) tina karya nu dihasilkeun hiji pangarang nu ngaliwatan kontemplasi jeung proses kreatif, kitu ceuk Darmanto Jatman mah. Atawa sakumaha kasadaran dimunculkeun antara imaji jeung fakta ku hiji pangarang nepi ka jadi karyana, kitu ceuk Juhl mah.

Antukna harita, kacindekan yen karangan nu hade teh kudu siga karangan lalaki, nu bisa nyaritakeun dunya luar, ide-ide atawa gagasan-gagasan nu hebat, kitu deui tehnik ngaekspresikeun tema & masalah, para palaku, sarana sastra (point of view, milih judul, gaya basa, jste) kudu bisa siga lalaki nu macho. Kuring ge sok milih tokoh lalaki sangkan jiga karangan lalaki tur disebut alus ku lalaki.

Asup kana kumpulan pangarang wanoja, sesepuhna Bu Tini Kartini ngunggelkeun pamadegan hebat yen ngarang teh ulah saukur sabudeur kasur, dapur, sumur wungkul, pangarang wanoja kudu ngulik jeung nulis karangan nu leuwih jembar, di sagigireun tehnik kudu diomean deui, pangarang wanoja ulah nulis perkara sabudeur rumah tangga jeung uhu-ehe bae! Kitu saurna. Kuring ngahuleng deui bae. Tapi harita hate ngawalon: TEU SATUJU sagemblengna!

(Memang harita kuring, mungkin oge nu sejenna ge kitu, can manggih enas-enas naon nu ngabedakeun antara tulisan lalaki jeung wanoja teh, nepi ka teu jelas konsep nu dijadikeun acuan karyana ge. Nepi ka kuring nulis tesis tea, geuning aya hal nu nyirikeun bedana tulisan wanoja nurutkeun hiji teori mah tina sisi: basana, reaksi tokoh kana kateuadilan, jeung budayana salaku wanoja). Kana hal ieu, baca artikel tina tesis kuring nu diunggahkeun dina http://isjd.pdii.lipi.go.id/admin/jurnal/8108924%20ta%20h25-26_1412-0712.pdf

Bareng jeung umur nu beuki nambahan jeung pangalaman salaku wanoja (kawin jeung boga budak) ge nambahan, identifikasi diri jeung manifestasi harepan ka lalaki teh ngurangan malah ahirna leungit. Dina diri tumuwuh kasadaran yen wanoja jeung lalaki enya beda tapi satata fungsi jeung peran teh dina ngeuyeuk rumah tangga. Dina rumah tangga ngarangkepna dua pribadi nu silih pikabutuh, silih hargaan, silih eledan nepi ka aya istilah rep-pok.

Kitu deui di dunya luareun rumah tanggana, sanajan beda wanoja bisa sarua eksisna jeung lalaki, nyumponan tugas ti nu Maha Kawasa salaku khalifah di alam dunya. Kacindekan teh robah deui yen kuring kudu jadi kuring sorangan boh dina karangaan boh dina kahirupan nyata.

3

Kanyataan kahirupan nu dialaman ku kuring salaku wanoja jeung wanoja-wanoja sejenna geuning nyambung jeung teori Showalter nu ngadopsi teori antropologis Edwin & Shirley Ardener taun 1985 nu nyebutkeun yen: “…wates kultural jeung realitas (wanoja jeung lalaki) silih lengkepan, tapi nu wanoja mah henteu sagemblengna kaeusian lantaran didominasi ku lalaki”. Hartina lalaki nu nangtukeun peran, fungsi sosial, jeung wacanaa-wacana kahirupan sejenna, sedengkeun wanoja mah ngiringan bae, lantaran teu bogaeun kakawasaan. Coba ieu titenan diagram Ardener di handap.

Relasi antara lalaki (nu disimbulkeun ku buleudan jelas) jeung wanoja (nu disimbulkeun ku buleudan titik-titik/teu jelas) ngahasilkeun zona (wilayah) nu tengah. Dina eta zona lalaki jeung wanoja bisa silih pikanyaho, sakumaha silih pikanyaho silih teuleumanana gumantung interaksi duanana. Dina zona nu kosong, eta bebedaan kahirupan boh di lalaki boh di wanoja.

Zona kosong y teh hiji zona nu sagemblengna bogana wanoja nu teu kasaba  ku lalaki, misalna bae: rasana, kahayangna, kanyataan biologisna (ngandung, ngalahirkeun, nyusuan, hed), jeung peran-peran husus salaku wanoja. Kitu deui zona kosong x bogana lalaki, di dinya lalaki gembleng milikna; mikirna, cara hirupna, pangalamanna nu ngabedakeun antara lalaki jeung wanoja.

Sanajan kitu, sabenerna wanoja mah nyaho, ngarti, jeung paham kana kahirupan lalaki, lantaran lalaki mah ngagorowok jeung nyoara, sanajan henteu ngalaman sama sakali kahirupan lalaki. Lantaran naon? Lantaran dina zona pataremana antara lalaki jeung wanoja, zona wanoja asup kana zona lalaki (zona tengah).

Beda jeung lalaki, maranehna henteu apal komo merhatikeun wanoja. Teu apal jeung merhatikeun teh lain ku lantaran teu nyaho, tapi lantaran ayana keteusadaran dina dirina pikeun merhatikeun wanoja. Sabab dina zona tengah katiten, kasadaran lalaki salila ieu aya dina struktur dominan (zona tengah guratna tegas jeung jelas). Ari zona wanoja da titik-titik tea, kaiuhan, kahalangan ku lalaki, maranehna teu bisa nyoara, dalah ngaharewos ge biheung didenge.

Memang, aya wae lalaki nu titen kana perkara wanoja, kitu deui pangarang-pangarang lalaki nu merhatikeun kahirupan wanoja nepi ka ekspresi dina karanganana kacida feminisna. Misalna wae RAF dina Pipisahan, Yus Rusyamsi dina Dedeh, Caraka dina Sripanggung, Yus Rusyana dina “Apun Gencay”, atawa Darpan dina “Nu Harayang Dihargaan”.

Tapi naha aranjeunna mampuh nyeratkeun pangalaman nyerina disorang dina peuting munggaran? Pangalaman beuratna ngandeg? Nyerina ngajuru? Atawa digadabah dipaksa pirusa? Moal. Lantaran eta mah pangalaman wanoja nu aya dina zona kosong, zona jarah nu moal kungsi kasaba ku lalaki.

Upama dina karangan wanoja aya karangan nembrakkeun pangalaman salila ngaheuyeuk rumah tangga (tema: kasur, dapur, sumur) dianggap goreng jeung kuno, atawa tema kadirianana (perasaan, pamikiran, harepan-harepanana), naha eta dianggap cengeng jeung teu bermutu? Tangtu sakuduna lain jawaban alus, goreng, cengeng, jeung tidak bermutu nu kaluar, tapi ayana penghargaan kana ekspresi nu nyimbolkeun kawanojaanana, kana eksistensi kawanojaanana nu dipresentasikeun dina karanganana. Ari perkara teknik mah eta patali jeung wawasan jeung pangalamanana (jam terbang) salaku pekarya sastra, nu tangtuna bisa diomean.

Perkara pamadegan Bu Tini Kartini, kuring nitenan eta hiji konsep nu gentlemen, lantaran salila ieu umumna pangarang wanoja ngeunteung kana karya lalaki jeung nyandingkeun maneh kana karya lalaki. Jadi teu aneh, upama pamadegan wanoja ge kahieuman ku pamadegan lalaki, lantaran wanoja aya dina wilayah titik-titik tea.

Tapi, kasadaran pikeun nuliskeun pangalaman kawanojaan ieu nu kudu dihurungkeun jeung dihargaan teh, lantaran artikulasi (nyoarakeuna) pangalaman wanoja kana teks nu distrukturisasi kana basa kacida pentingna. Dipiharep mah bisa “mawa dirina kana kakuatan simbul kasadaran wanoja pikeun ngawujudkeun nu samar (hal-hal nu disumputkeun) jeung omongan-omongan nu teu bisa ditepikeun (dibekem; dibungkam) jadi nyata jeung ngawujud”, kitu ceuk Showalter upama disundakeun mah.

Tah di dieu, karya-karya karangan pinilih beunang Aam Amilia, Ami Raksanagara, Holisoh M.E, Pipiet Senja, jrrd geus bisa dijadikeun conto karya nu mampuh nyoarakeun pangalaman jeung kahirupan kaum wanoja, nu diserat kalawan daria jeung pinuh tanggung jawab. Kitu deui conto-conto sajak beunang Eti RS, Dyah Padmini, Nita Widiati, jeung nu sejenna nu nyimbulkeun ajen jeung citra kawanojaan teu salah dibageakeu jeung diapresiasi.

Jadi pikeun kuring pribadi mah, ieu teh jawaban pereluna diajar KSF (Kritik Sastra Feminis). Leres, peran lalaki jeung wanoja satata; sarua; salaku khalifah di alam dunya tapi geuning dina kahirupan bersosial dina pagilinggisikna manusa jeung budaya (dina sastra we heula), geuning aya hal-hal nu nyangkaruk nu nyumput, buni, rumit, tur jadi tugas nu malikir pikeun mukakeun nu kahalangan jeung ngobet enasna teh.

Ari sungapanna mah basajan wae, museur dina metode atawa cara; ngajen jeung ngahakiman hiji hal teh dumasar kana pilihan: mana nu merenah salian ti nu dipikaresep (selera).

*Pustaka dicutat tina sawatara sumber

Yogyakarta, 27 Oktober 2003/01 Romadon 1424 H

(Direvisi & edit deui 12 Agustus 2012/24 Romadon 1433 H)

Hatur salam kanggo Pa Wahyu Wibisana

(dimuat dina Mangle No. 1952)

2 comments on “Kritik Sastra: SORA WANOJA

  • Tinggalkan Balasan

    Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

    Logo WordPress.com

    You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

    Gambar Twitter

    You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

    Foto Facebook

    You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

    Foto Google+

    You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

    Connecting to %s

    %d blogger menyukai ini: