GARUT

Garut pikeun kuring hiji jugjugan nu taya wangenan. Teu kitu kumaha, unggal miang ka hiji tempat di Garut, salawasna dipapandekeun kaendahanana jeung kaendahan Garut dina karya sastra. Enya, wanoh ka Garut teh mimitina tina karya sastra, puisi-puisi Kang Haji tah nu dibaca ku kuring kelas 2 SMP, utamana sajak PENGKOLAN JALAN CIKAJANG dina bukuna NU LUNTA JAUH. Apal bae pada kahijina teh kieu.

 

Pengkolan jalan Cikajang

Pengkolan katineung urang

Anu langitna biru

Pasirna pinuh kukupu

(upami aya nu lepat lereskeun nya, Kang Haji Usep Romli HM).

Kaendahan puitis liris romantis dina sajak-sajak Kang Haji nu settingna Garut nepi kana hate kuring. Ti dinya tumuwuh anggapan yen Garut teh wewengkon nu endah. Eta nu kahiji.

Nu kadua, kuring maca novel tarjamahan GADIS GARUT (FATAT GARUT). Eta novel teh nyaritakeun hiji parawan Garut ngaranna Neng nu geulis, bageur, pinter, cerdas nu dipikaresep ku Abdullah pamuda kasep urang Arab.

Setting eta novel multietnik dina basa Arab teh lolobana di Garut dina ahir abad ka-19.

Dina eta novel, dicaritakeun yen Garut jadi puseur pangirutan wisatawan mancanagara, utamana ti timur tengah, sanggeus Bandung nu katelah Parisj van Java di kalangan kaum kolonial. Di dinya dicaritakeun oge yen Garut bener-bener inten di west java. Pamandian cipanas geus aya, tata kota jeung agraria nu sakurilingna dilingkung gunung: guntur, papandayan, cikuray, endah merenah nu ngajadikeun Garut geulis sacara fisik. Atuh jalma-jalmana someh, balageur tulung-tinulungan, jeung toat kana agama (Islam). Di sagigireun ti eta, basa Sundana lemes jeung ‘merdu’ ngalagena lir lagu nu kabawa angin, angin-anginan.

Tah kaendahan-kaendahan Garut tina karya sastra namper na hate kuring, nepi ka unggal ka Garut kuring neangan gambaran2 kaendaan dina juru-juru tempat nu didatangan. Nya sesa-sesana mah aya keneh, saperti pamandangan alam nu ngubaran kakangen kana imaji sastra (Nu pamohalan miwujud sampurna jadi lukisan gembleng kaendahan, jeung kapan kaendahan seniman mah leuwih endah batan aslina. Diimajinasikeun (bahan) jeung dikreasikeunana (pengolahan) ngaliwatan rasa nu manglapis-lapis kaendahanana). Tapi eta oge nu ngalantarankeun kuring tuluy-tumuluy ‘mitineung’ jeung ‘mikangen’ Garut. Antara kuciwa jeung harepan jadi kondisi nu pulut-ulur sacara psikologis, tapi justru eta nu ngahirupkeun imaji kuring ka Garut.

Eta oge nu ahirna mawa kuring ka Garut dua poe, Saptu-Minggu ieu. Kahiji pikeun silaturahmi ka nu ngondang kuring. Kadua pikeun nyangking kaendahan jeung kanikmatan ti Gusti Allah kana alam Garut jeung budayana.

Miang teh Jumaah peuting ka Sukasenang Samarang Garut, nepi jam 11 peuting. Sanggeus dijamu dahar kuring, salaki, budak tilu katut supir, sare dina tangkeupan alam pasawahan Samarang. Tingtrim jeung endah dipirig ku sora bangkong nu kapeung-kapeungeun disada ngawirahmaan angin nu niup nyai pohaci nu kakara lilir jeung sora cisusukan nu halimpu halon ngamalir.

Isukna, subhanallah, tetenjoan plung-plong ka pasawahan. Barudak patarema jeung alam sabudeureunana, leuleumpangan dina galengan, popotoan, aranteng. Jam 10 tamada ka pribumi rek nuluykeun lalampahan, ka Darajat. Darajat teh hiji pamandian cipanas anyar nu lokasina di pencelut, beda jeung Cipanas nu lokasina di budeureun kota, gampang kapanggihna.

Sanggeus cape kokojayan, bada lohor miang deui seja ngajugjug Gordah di Kota, nepungan dulur misan-putra Ua Haji almarhum -lanceukna indung kuring. Disuguhan goreng hayam kampung jeung goreng bebek di kedaina KEDAI EGHI. Rengse dahar disuguhan karokean laguna lagu2 lawas keur kuring SMP-SMA. Jam opat laju miang deui seja ka Cigangsa Salawu wates Garut-Tasik, nyumponan pangogan mahasiswi nu memang deukeut jeung kuring. Ti tingkat dua keneh ngahayu-hayu hoyong kaanjangan, parengna kakara ayeuna. Jam satengah genep nepi. Bada Isa sor tuangeun. Bakar ikan nila jeung emas emhh matak cumiduh. Nya teu diengkekeun deui atuh tuluy bae dalahar. Nikmat temen Ene, nuhun pisan.

Pangaruh lauk, cape tas ngojay, jeung hawa nu luar biasa tirisna, nyababkeun kuring jeung barudak geuwat kana ranjang. Teu dipalire salaki jeung supir nu rame lalajo mengbal Timnas jeung Korsel nu cenah ‘seru’. Angob, lep asup ka pangimpian…

Jam lima isuk nyumponan kawajiban. Brrr eta cai nu herang ngagenclang tur ngocor ngagolontor teu saat-saat, tiis naker, nyenyep kawas es…

Sanggeus sarapan, laju persiapan ka Kampung Naga nu ukur 20 menit ti Cigangsa. Jam salapan, hujan murupuy ngabagea di Kampung Naga. Alhamdulillah abdi tiasa ka dieu, Gusti. Najan dirarancangna ti keur jaman mahasiswa S1 keneh, ning kalaksanana ayeuna. Skenario Gusti mah nu pangendahna, da ning kuring ka dieu dina kondisi nu ngalagena bari jeung dibaturan ku anak jeung salaki. Lengkep. Salian ti eta, pasambung silaturahmi kateang jeung kalaksana. Nambahan dulur-baraya.

Kampung Naga, I’m coming. Teu seubeuh-seubeuh panon dikencarkeun sangkan ‘neureuy’ performa budaya di hareupeun. Basajan, unik, tradisional. Kaendahan nu teu wareg-wareg najan diabadikeun ku kamera ge. Hanjakalna lembur sababakan teh baribin ku nu datang (kaasup kuring meureun nya?), nu beuki beurang beuki loba jeung beuki baribin wae ku sora-sora asing patumpang jeung karinehan alam Kampung Naga.

Jam dualas, mulang ti Kampung Naga, transit heula deui di imah mahasiswi tea. Tuang siang disuguhan semur ‘ati maung’, masyaallah jadi kabita berbau-ria. Eta aya ku pulen semurna.

Jam opat, miang ninggalkeun kaendahan Garut kiwari. Di Leles macet aya kana sajamna. Bari kesel nya ieu karangan deskriptif teh ditulis jeung diapungkeun.

 

Garut – Tol Cileunyi, 13 Okt 13

%d blogger menyukai ini: