MARANEHNA NU BEDA

Chyé Rétty Isnéndés

 

Aya duaan di SD téh nu agamana lain Islam. Awéwé jeung lalaki. Nu awéwé ngaranna Risris Risna Damaris. Nu lalaki Héndi. Duka di marana maranéhna ayeuna. Hayang teuing tepung, hayang nyaho naon agemanana ayeuna.

Lain sara nyarita kieu téh. Ngan urang ngeunteung kana pangalaman nu kaalaman ku kuring jeung maranéhna. Pangalaman budaya dina nyanghareupan hal nu béda.

Lamun pelajaran agama Islam, éta dua budak téh tara ieuh ka luar. Sok miluan ngupingkeun pelajaranana. Lamun aya pelajaran solat, maranéhna sok pipilueun, enya miluan solat. Malah Risna mah bogaeun mukena sagala. Teu ngarti asalna mah, tapi sanggeus kelas opat kuring sabatur-batur jadi apal, yén manéhna téh béda.

Geura lain wungkul agemanana, tapi ogé lahirna, duanana keturunan. Bodas, saripit. Risna mah malah turunan Manado cenah. Tah geus kelas opat babaturan sok tingharéwos. Karésten, cenah. Barudak téh tara daék deukeut. Ari kuring da ti TK kénéh bareng, asa biasa baé. Ngan nyaéta, lamun inget manéhna béda, sok ujug-ujug… asing; ningnang rasa teh. Duka ku naon.

Lamun ku kuring ditanya, ari Risna téh agamana naon? Manéhna sok ngahuleng terus siga nu embung kanyahoan. Kata mamah mah buda, tapi suka ke gereja. Tapi da Risna mah ingin masuk Islam. Cenah.

Terus keur kelas lima SD mah manéhna nyarita, Risna mah kata mamah, sekarang agamanya Islam, cenah. Enyaan, manéhna miluan solat, miluan ngapalkeun surat-surat pondok. Tapi waktu kelas genep, manéhna robah deui agemanana, Karésten. Si Héndi kitu kénéh, kadang sok mawa sarung, miluan pelajaran solat. Tapi da cenah Héndi mah buda.

Lamun sakola madrasah, waktuna istirahat, kuring jeung babaturan sok ngajlengan susukan leutik tukangeun sakola, bras ka pakarangan tukang… imah Risna. Resep, sok mulungan… jambu bol. Galedé jeung aramis deuih. Tapi tara récok, lantaran sieun nu ku nu bogana, aya rasa sanget, ngeri, lamun ngulampreng ka dinya téh. Lamun kadéngé kolotrak tulak panto disada… berengbeng kuring jeung babaturan lalumpatan bari gogorowokan, Karésten! Karésten! Duka ku naon, dina punduk téh asa ngadaplok jeung asa gep-gep baé éta karésten téh, padahal teu ngarti jeung teu bisa ngadadarkeun naon éta téh saenyana. Enya da, ku kecap buda, ku kecap hindu mah, teu sieun-sieun acan. Asa biasa baé.

Di SMA, di kelas, boga deui baé babaturan nu béda agemanana téh. Lalaki duanana ieu mah, Herman jeung Si Akung, saha ngaranna hilap deui, ngan da jangkung pisan, nya dilandi Si Akung tina Si jangkung. Chinese asli éta mah. Loba saenyana mah nu béda téh di SMA mah, lantaran loba toko Cina di Cibadak, jadi pangdeugdeugan SMA téh, di sagigireun MY, Mardi Yuana.

Hérman mah malah nyobat jeung kuring. Manéhna sok nginjeumkeun kasét New Kids on The Block, da pavoritna éta. Wah ka batur mah moal teuing diinjeumkeun. Sakabéh kasét NKTB (dibacana enKeTob) manéhna bogaeun. Kadang kuring dihadiahan tulisan lagu NKTB, tulisan manéhna sorangan. Alus pisan aksarana téh, siga aksara awéwé. Ngan saeutik hanjakalna téh, kuring mah teu resep ku bauna, bau babi, meureun nu kitu téh (hampura Herman).

Bageur pisan Hérman téh. Kungsi ngajak ulin ka imahna, di Cikembar, ka kuring jeung batur-batur awéwé, aya kana limaan mah. Imah gaya Walanda, titinggal jaman koloni. Reueus pisan manéhna téh nempatan éta imah. Lain reueus ku arsitékturna sigana mah, tapi reueus lantaran dipaké maén sinétron Jendela Rumah Kita nu kasohor téa. Sinétron munggaran Désy Ratnasari jeung Dédé Yusuf. Enya kakara kelas tilu SMP manéhna téh waktu maén éta sinétron.

Tah ku Hérman téh, unggal juru, paribasana, diterangkeun patalina jeung adégan sinétron. Ari kuring, asa biasa-biasa baé rarasaan mah, tapi babaturan awéwé nu séjén mah, meni tingareuleuh…

Lamun pelajaran agama Islam, ku Pa Nasrul, sok ditanya heula, kalian mau keluar atau mau tetap di kelas? Ngajawabna téh, rék di kelas baé, cenah. Mun teu salah, taya pelajaran agama Kristen, nilai-nilaina tina tanda tangan pendéta lamun maranéhna misa (mun salah, benerkeun nya Her).

Katingalna di SMA mah, geus rada ditarima kaayaan maranéhna téh. Béda jeung suasana di SD, da di lembur mah kentel pisan nuansa agamana téh, meureun babaturan kuring nu duaan téa –jeung kulawargana, oge kagok, canggung, sieun, lamun nangarkeun béda téh. Maranéhna aya dina sisimpangan ideology minoritas. Meureun kitu deui, lamun pangagem minoritas agama Islam di antara mayoritas Kristen ogé. Moal jauh béda. Tapi da teu aya intimidasi pisik atawa pangjejeléh ti masarakat sawawa, iwal ti barudak téa, nu can ngarti. Daméy wé.

Nu jadi kasieun téh harita di lembur, sieun diajak asup agemanana, lantaran cenah sok ditukeuran ku emih jeung ku duit. Éta nu jadi perhatian para sepuh téh. Tapi maranéhna nu béda jeung nu bisa diukur ku ramo téh, bisa nyaluyukeun manéh. Ayem baé. Bet kiwari, sanggeus kajadian Mei 1998 jeung Reformasi téa, loba nu ti Jakarta lumpat ka Sukabumi, di antarana ka Nagrak. Malah, cenah, aya Batak nu misionaris jeung progrésip deuih.

Jadi, di Kacamatan Nagrak kiwari, agama nu lain Islam téh jadi ngarekahan, ngan nu kudu jadi perhatian, utamana ka inohong jeung ka stap kacamatan, kedah tegas jeung ngabandungan keluhan masarakat. Da cenah, masalahna ogé jadi ngarekahan, misalna baé kana cara jeung tempat nguburkeun nu maot, ulah nepi ka ngahariwangkeun masarakat, atawa cara missi maranéhna di wewengkon pasantrénan, ulah nepi ka nyebarkeun agama ka nu geus boga agama. Perlu tegas téa, étah!

Sanggeus reformasi mah bébédaan téh beuki natrat baé. Jeung sanggeus reformasi kiwari, naha Risna jeung Héndi geus ajeg kitu nangtukeun agemanana? Muga ieu tulisan jadi bahan refleksi pikeun urang***

Kanggo Nu Jareneng di Nagrak-Sukabumi

Bandung, 27 Désémber 2005

Salam sono keur: Risna, Hendi, jeung Herman

Herman kiwari nganjrek di Ustrali, berteman dina FB make ngaran

Tb. Herman Tirtadirdja.

6 comments on “MARANEHNA NU BEDA

  • benten deui waktos abdi SD mah, gaduh rerencangan istri, sa-Islam tp benten golongan, pan dilembur teh seuseurna ahli sunah, tah anjeunna mah nyengceling sakulawargi ..Persis, Anjeuna berehan, tp naha ieu hate bet sieun. pohara..waktos dipasihan tuangeun, waktos (diajakan) ameng ka bumina, sieun nu sesah dihartoskeunna, bingung. cacak-cacak ukur benten golongan ge asa kumaha mah, sok komo ieu benten kayakinan..tangtos naringnang teteh

  • SD Nagrak V Tahun 1979 -1985, SMA Negeri Cibadak 1988 – 1991,
    Nyawang mangsa nu katukang……….
    teu karasa umur terus nambahan……
    panineungan – panineungan……..
    duh Risna……..
    duh Hendi…….
    duh Herman…….
    duh Nahum……..
    tong hariwang…….
    manusa ngan boga harepan….
    taopek jeung hidayah eta nu boga pangeran…..
    aya warta dulur urang nu namina kang Hendi ayeuna tos ngagem ageman nu sami jeung urang………….. sataohid…. La ilaha Illalahu….. Muhammad da Rosululloh…..
    mudahan-mudahan kabawa dugika nyawa dicabut tina ragana……
    Tinggal urang sarerea nu ngagem islam ku sabab kabawa ku indung bapa……
    kudu bisa muliara…. dugika mulih ka jati mulang ka asal……ditungtungan ku doa…. mugi gusti maotkeun abdi……. dina kaayaan khusnul khotimah….. amiin ya robbal alamaniiinnnn

    Nu gaduh Nem pang agengna di SD Negeri Nagrak V….
    Murid kageugeut pa Amar Santosa

    Wili Hendarwan…..

  • Tinggalkan Balasan

    Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

    Logo WordPress.com

    You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

    Gambar Twitter

    You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

    Foto Facebook

    You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

    Foto Google+

    You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

    Connecting to %s

    %d blogger menyukai ini: