NAYOR

: Chye Retty Isnendes

Tah ieu nayor, benten nya sareng delman?

Na ari budak, teu kaop nempo kuda, sok merenyeng hayang numpak. Teu dimana-teu dimana éta téh. Teu nolih indung teu boga duit, atawa aya kapentingan séjén, atawa kudu rusuh naék angkot. Hih, kajeun ceurik lolongséran. Paingan Bu Sud nyiptakeun lagu Naik Délman sagala nu kakoncara di kalangan budak umur téka. Kapan éta téh bukti kumaha resepna budak kana sato kuda, komo nu geus dirarangkénan ku pakakas diuk modél padati, sado, délman, kéréték, nayor, jeung sajabana. Nambah sieup jeung pikabitaeun budak.

Di Sukabumi mah, salian ti délman aya nayor deuih. Nayor. Asa kungsi maca, cenah nayor téh tina basa Walanda, nayure. Duka naon hartina, hilap deui, buntut kitu? Ngan nu jelas tiap angkutan nu ditarik ku kuda rupa-rupa pisan ngaranna saluyu jeung wangun fisikna, ogé wewengkonna.

Tah, nayor mah gilindingna leutik, pakakas diukna gé leutik hareurin usik. Sirikna tuur jeung tuur pakétrok. Lamun nu diukna di jajaran katuhu malik ka hareup, geus pasti nu diuk di jajaran kenca kudu malik ka tukang; kana panto –enya da ngan nayor nu aya pantoan mah. Atawa sabalikna. Lamun teu kitu, moal asup, da suku pabeulit, tuur pacorok. Maenya kudu asup kana antara suku batur (paselup jeung palangkakan). Jadi, naék nayor mah kudu silih élédan, silih éléhan. Rada béda jeung délman mah, komo jeung kéréték mah. Laluasa diuk dina délman jeung kéréték mah.

Jadi inget keur SMA. Remen pisan tumpak nayor keur SMA mah. Balik sakola utamana mah. Lamun angkot pinuh waé, sok babarengan tumpak nayor. Resep téh. Teu resep kumaha da bari gogonjakan jaba lobaan deuih. Geus puguhing hareurin mah, tapi da teu ditolih, resep téa. Pan nayor mah paling loba panumpangna opatan. Tiluan di tukangeun kusir, jeung saurang ngabanding kusir, nyanghareupan bujur kuda.

Tah keur SMA mah hukum éta téh kudu dirumpakna gé. Tara kurang ti genepan atuh. Nu ripuh mah Si Emang Kusir ngadalikeun kudana, can beurateun ku panumpang nu ojréd baé jeung teu daraék cicing, da bari ngaheureuyan papada baturna nu leumpang atawa nu naék angkot. Komo budak lalaki mah sok bari gumasép, nangtung sagala dina panto nayor atawa ngagulantung dina tihang hareupeun bujur kuda. Tapi da hih, Si Emang gé geus apaleun pisan. Paling sok ngoméntaran: “Kadé Cép, Kadé Cép!” kitu, teu leuwih. Budak awéwé wéh nu milu tumpak nu tingjarerit tingjéréwétna. Si Cécépna mah beuki asa.

Sakola téh di SMA negeri Cibadak. Ayeuna mah SMA 1 Cibadak –ké heula, Si Happy Salma ogé ti dieu SMA-na, cenah mah adi kelas. SMA kahot nu préstasi siswa-siswana luar biasa. Adu saing jeung MY (Mardi Yuana). Enya cenah, baheula mah SMA téh teu pati laku. Teu lakuna, da éta mah cenah sakola mahal, sakola tinggi, kudu nuluykeun ka universitéit, katambah aya SMK (Sekolah Menengah Kejuruan, samodél STM Pertanian, SPG, SMEA, SMK, jrrd) nu sanggeus lulus bisa langsung digawé. Tapi saprak ditutup SMK jeung SPG, SMA Negeri Cibadak beuki ngajaul reputasina –malah loba peranakan nu sakola di dieu, teu asup ka MY, sanajan papahareup lokasina.

SMA téh lokasina di jalan Perintis Kemerdekaan, jalan nuju ka Palabuan Ratu. Ti Terminal Cibadak mah paling 2,5 kiloan. Harita, taun 1991, mun naék angkot ongkosna 500 pérak –ayeuna mah 1500 ti Terminal Cibadak ka SMA téh. Tah mun balikna ti SMA ka Terminal naék nayor mah, saurang 1000 pérak –ayeuna mah 3000an. Double. Tapi ari lobaan mah kadang saurang téh 700 pérakan. Si Emangna tara kutuk gendeng deuih, geus ma’lum baé. Katambah pan narikna tara nepi ka Terminal Cibadak, paling nepi ka Labora (ngaran hiji toko ATK baheula mah tapi tuluy ngarekahan, jadi ngaran pusat pertokoan sapanjang setengah kilo métér,  ari pasar mah di Terminal Cibadak).

Ti SMA ka Labora téh sakiloan. Jadi énténg wé pikeun Si Emang mah. Da barudak téh jrat-jrut tarurun di Labora teu di Terminal. Rék naon? Rék méjéng! Pusat Méjéng barudak sakola (SMP, SMA) di dinya téh deuih. Ti dinya mah Si Emang téh kari mawa penumpang sésa, awéwé biasana mah, saurang atawa duaan. Katambah di jalan sok meunang deui panumpang. Jadi rada mucekil ogé tah Si Emang Kusir téh beubeunanganana.

Ari ti Terminal Cibadak ka Nagrak, Si Emang kusir téh sok embungeun. Lain ku nanaon, geus puguhing jauhna mah (4 kiloan) jaba jalanna nanjak deuih. Kudana sok langlayeuseun cenah, ciduh ngaley, kesang ngoprot, sok aya nu gering sagala –éta meureun ngaliwatan Santiong (kuburan Cina) jeung Bungursarang nu haharaeun (sanajan ayeuna mah teu kitu, malah aya pabrik garmen sagala di dinya téh).

(Sok aya tatarucingan di Sukabumi mah, ku naon kuda sok ngelay? Hé hé hé jawabna téh… lantaran kuda mah teu bisaeun… nyiduh. Ner pan?)

Nayor di Cibadak geus kahot umurna. Ti jaman Walanda ahir kumawasa (kira-kira taun 30an) geus aya –éta ngaranna gé ti bangsa Walanda geuning. Jumlah nayor kiwari aya kana 100 siki deui mah. Nu boga nayor lolobana urang Bantarmuncang, Parungkuda, jeung Cibadak. Nu teu boga nayor, tapi geus biasa ngusiran sok nyéwa; kuda jeung nayorna. Sapuluh rébu sapoé setoranana, uang séwana wungkul. Hakaneun jeung cai nginum kuda ditanggung ku nu nyéwa. Enya da salian ti nginum cai atah, kuda téh kudu dijamuan atawa dibéré cigula sangkan kuat nepi ka burit.

Ceuk Ua Haji Érry, di Nagrak nu kawentar boga nayor téh Mang Bacun (almarhum, aki meureun kuring mah da masih katalian baraya). Anjeunna boga nayor jeung ngusiran ti taun 50-an. Harita can aya saéngan angkutan umum, da aya wahon gé taun 70-an. Biasa urang Nagrak mah sok leumpang baé ka Cibadak téh. Aki, Nini, utamana Ua-ua, indung-bapa, Mamang-Bibi, masih keneh ngalaman leumpang sakola, ti Nagrak ka Cibadak.

Tah bakating ku kahot-kahotna Kusir Bacun jeung nayorna. Teu sirikna geus teu sieuneun ku jurig nyiliwuri sétan mindah rupa téh. Atuda harita mah nu ngaranna Jelegong, Bungursarang, Santiong –ngaran wewengkon nu kaliliwatan ti Nagrak ka Cibadak téh iiihhh, tong dicatur. Ayeuna gé tangkal-tangkal mahoni masih rarajeg, pakebonan pategalan masih tingjalembrung hara-hareun. Sakapeung mah kotoplakna kuda Mang Bacun jeung Mang Bacunna nu dianggap jurig téh bakating ku pantes ngabandingan kaayaan harita.

Tapi aya carita lucu ngeunaan Mang Bacun jeung nayorna. Saur Ua Haji, sakali mangsa mah rebun-rebun Mang Bacun geus nepi ka Bungursarang. Lantaran palebah dinya poék pisan ku indung peuting nu masih kénéh kandel, Mang Bacun teu ningalieun jalan koral saperti sasarina padahal dibaturan ku lantera ngentit –geus kitu bae deuih kuduna, nayorna ngagejlug tina tanjakan kana pudunan, teu katawiseun aya Aki Kotok nu ngabengkot nanggung cau.

“Gejlug!”

“Gubrag!”

“Alah ieuuunnngggg!” Aki Kotok ngagorowok.

Tangtu balé Mang Bacun reuwaseun aya nu ngagorowok, keur mah eukeur nayorna tiguling, bet aya nu katindihan deuih. Sanggeus sawatara lila ugal-ugil duaan jeung papada kaciri beungeut, tungtungna mah duanana kapiasem tuluy patingarakey bari ngawawaas kajadian tadi. Teu ditolih cau Aki Kotok nu pabalatak jeung tanggunganana semplak mah. Ti harita Mang Bacun lamun ka pasar tara rebun-rebun teuing lantaran sieun tiguling jeung nindihan jalma deui, kitu deui mun mulangna tara wanci magrib, sok asaran baé, lantaran nyingkahan dianggap jurig ku jalma réa.

Ti harita ogé aya sisindiran nu kawentar ku kajadian harita. Kajadian tigulingna nayor Mang Bacun nu ninggang Aki Kotok, jadi geuhgeuyan! Kieu sisindiranana téh:

Kéong racun dina piring

Tikotok dina palupuh

Mang Bacun anu tiguling

Aki Kotok anu ripuh

Kamari, poé ka 27 bulan puasa, mawa budak duanana ka Labora. Lanceukna, Néng Wangi jeung adina, Nung Arum. Tadina mah rék balanja. Karék gé rék asup ka toko, géwéwék téh nu leutik hayang naék kuda. Teu beunang diupah-apéh. Nya naék wé, angkanan téh rék nepi ka Terminal Cibadak, tuluy balik deui ka Labora naék angkot. Tapi geus nepi, mugen embung turun. Dipaksa dipangku kalah tétéréjelan tina tangkeupan. Antukna numpak nayor téh dituluykeun nepi ka…Nagrak. Balanjana mah teu kasampeur.

Sapanjang jalan pada merhatikeun. Angkot-angkot sempet macét da kudana boyot katambah ngarekéh nanjak. Panumpangna raronghok nempo nu pelesiran dina nayor. Ngaeuleuh-euleuh. Budak leutik singtarunjuk. Aya kuda! Aya kuda! Bari tinggarupay, dibales ku budak dua panggupayna –nu diukna gigireun kusir, lanceukna di sisi, adina di tengah– bari atoh seuseurian. Aranéheun tangtu baé, da geus lila tara aya nayor di jeung ka Nagrak mah. Aya ogé baheula nayor Aan taun 80-an –sok nempo kuring gé, nayorna ngajugrug sadua-dua hareupeun imahna.

Nepi ka hareupeun imah, dirogrog ku tatangga. Dipotrét-potrét. Budak dua nyabakan kuda. Kuring babayar. Gonjréng 25 rébueun. Kudana ngagurubug bari nyengir!***

25 Oktober 2007

(Dimuat dina Cupumanik 2008)

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: