Kritik Sastra: WANOJA DINA SASTRA SUNDA

: Chye Retty Isnendes

(Dimuat dina Koran Sunda 2005)

 

George Eliot boga pamadegan yen sastra karya wanoja mah karya anu euweuh hartian jeung dina ayana ge pikalucueun/rehe, cenah. Tapi eta pamadegan diwada ku Showalter, nu mibanda pamadegan yen karya sastra wanoja teh saestuna hiji gagasan nu mibanda fakta kamanusaan nu tangtu bae dimediasi ku pandangan dunia wanojana. Eta pandangan dunia teh taya lian kamandangna wanoja jeung sagala pangalamanana.

Karya sastra wanoja saestuna arus terpendam dina arus utama sastra. Karya sastra wanoja, utamana novel jeung carpon, mangrupa tulisan nu mawa momot dua sora/ganda, lantaran salian ti nyiptakeun dunya sastra nu otonom, oge di jerona nyampak ajen-ajen warisan sosial jeung budaya ti kelompok nu di masarakat dianggap ‘pireu’, tanpa sora, tanpa daya. Ku kituna, tulisan wanoja teh saestuna lengkah maranehna dina ngama’naan dirina jeung kahirupan sabudeureunana nu raket patalina jeung tradisi oge sajarah nu ngalingkupanana.

Aya opat hal nu ngabedakeun tulisan wanoja jeung tulisan lalaki. Eta opat hal teh jadi ciri pikeun wanoja sangkan bisa ngadalikeun jeung ngawasa dirina, kabebasanana, jeung kasadaranana. Eta opat hal teh taya lian: 1) tulisan wanoja jeung warugana; 2) tulisan wanoja jeung basana; 3) tulisan wanoja jeung jiwana; 4) tulisan wanoja jeung budayana. Kaopat ciri di luhur bisa dipresentasikeun ku pangarang wanoja ngaliwatan tokoh-tokoh wanoja nu diciptakeunana, boh dina novel boh dina carpon boh dina sajak boh dina karya sastra genre lianna.

Tina panalungtikan nu nulis, tina tujuh karya sastra Sunda modern, opat karya ditulis ku pangarang lalaki (Baruang Ka Nu Ngarora/DK Ardiwinata, Lain Eta/Moh. Ambri, Sri Panggung/Caraka, Pipisahan/ RAF, Dedeh/Yus Rusamsi, Apun Gencay/Yus Rusyana) dua karya ditulis ku pangarang wanoja (Puputon/Aam Amilia, Kembang-kembang Petingan/Holisoh ME) tokoh wanojana digambarkeun (dicitrakeun) aya nu positif jeung aya nu negatif.

Dina Baruang Ka Nu Ngarora (BKN) sosok wanoja Sundana diwakilkeun ka Nyi Rapiah. Nyi Rapiah teh gambaran wanoja ti golongan rahayat biasa nu kahirupanana terus dikalangkangan ku Aom Usman; lalaki ti golongan menak nu tangtu bae ngawasa segala aspek kahirupan. Lantaran iman Nyi Rapiah loncer, manehna kagoda ku Aom Usman tur wani ninggalkeun salakina, Ujang Kusen. Ku kituna, Nyi Rapiah geus jadi dirina pribadi saluyu jeung putusan hirup nu pilihna, jadi selir Aom Usman.

Dina novel Lain Eta (LE) aya Neng Saleha atawa Neng Eha nu oge wani  ninggalkeun salakina, sanajan motifna beda –Neng Eha dikawinkeun kalawan paksa ku bapana ka duda kolot nu menak, padahal Neng Eha micinta Mahmud; pamuda ti golongan rahayat biasa–. Neng Eha nu abur-aburan kungsi hirup tanpa nikah jeung Den Kosim. Dina ahir carita, sanggeus gering ripuh, Neng Eha tobat tur babalik pikir sarta ditarima deui ku indung-bapana di Cianjur.

Dina novel Sri Panggung (SP) aya tokoh Nyi Empat nu ganti ngaran jadi Neng Mimin. Neng Mimin naek darajat ku lantaran kateguhan hate jeung bakat senina nu luar biasa, nepi ka manehna jadi sri panggung.

Dina novel Pipisahan aya Emin –nu tegar; wanoja sabar; tawekal; randa nu bajuang dina hirupna. Emin ngabuktikeun, sanajan manehna randa jeung boga anak tilu nu keur meujeuhna bilatung dulang, yen status randana teh lain hiji hal nu negatif, hina, jeung goreng patut. Ku Emin dibuktikeun yen randa teh hiji wanoja nu mulya lantaran manehna mampuh ngahirupan jeung ngurusanan tilu anak lalakina nepi ka maranehna dewasa jeung mandiri. Emin mibanda harga diri salaku wanoja jeung salaku indung.

Dina novel Dedeh aya Dedeh, rumaja putri nu mibanda konflik psikologis. Ceuk anggapan Dedeh, pernikahan teh penjara nu bakal ngahalangan cita-citana. Cita-cita Dedeh kacida basajanna, nyaeta hayang micinta kalawan basajan, pinuh ku rasa bagja, tur hirup jauh tina riributan, kanyeri, jeung kasieun. Tapi eta cita-cita nu basajan teh ngabalukarkeun konflik nu rohaka nepi ka manehna gering ripuh. Dina ahir carita, Dedeh happy ending, sadar, tur ahirna percaya (deui) ka lalaki nu jadi pasangan hirup wanoja.

Dina carpon Apun Gencay aya Apun Gencay nu kacida mincutna. Apun digambarkeun salaku tokoh wanoja nu kalintang sadar diri jeung mampuh adaptasi jeung lingkungan hirupna nu anyar. Apun, wanoja ti golongan rahayat biasa nu dijadikeun selir ku Dalem Cianjur (Bupati Cianjur). Batinna baruntak, lantaran manehna geus boga beubeureuh Pamuda Cipamingkis. Tapi lila-lila eta babaruntakan batinna ka Dalem teh pareum tur robah jadi binih-binih kacinta sanggeus Apun sadar tur paham kana harti kalungguhan jeung martabat manusa.

Dina novel Puputon aya tokoh wanoja Astri jeung Mamay. Eta dua wanoja teh gambaran wanoja nu geus sadar diri kana peran, pancen, jeung tanggung jawab salaku wanoja sakalian jeung hak hirup nu dilakonanana. Sosok dina ieu novel teh citraan wanoja nu sadar kana posisi tur ngalibetkeun rasa duduluran antara sasama wanoja (sisterhood). Mamay jeung Astri teh pamajikan nu ngora jeung nu kolot, tapi duanana silih ayunkeun kahayang, silih hormat, jeung silih ajenan antara hiji jeung nu sejenna.

Tokoh wanoja lianna dina sastra Sunda nyaeta Tita dina novel Kembang-kembang Petingan. Tita nu statusna WTS satuluyna jadi pamajikan nu ngora hiji pangusaha. Manehna tumanya ka dirina pribadi ngeunaan peran jeung posisi statusna di masyarakat. Dina realitas kahirupan, geuning masarakat teh teu kungsi daek narima ka manehna jeung nu sejenna; urut WTS (wanoja), sedengkeun ka urut maling, bangsat gerot, atawa penjahat kelas kakap (lalaki), bisa kitu wae ditarima tur masarakat gampil mopohokeun kasalahanana.

Genep tokoh wanoja di luhur (Nyi Rapiah, Neng Eha, Mimin/Empat, Emin, Dedeh, jeung Apun) dicitrakeun jeung dipresentasikeun ku pangarang lalaki, sedeng tilu tokoh sejenna (Astri, Mamay, jeung Tita) dicitrakeun jeung dipresentasikeun ku pangarang wanoja.

Pangarang lalaki ngagambarkeun tokoh wanoja sawates wanoja nu dipikawanohna. Tokoh wanojana taya lian ti janggelekan alam bawah sadarna –antara mere hak hirup ka eta wanoja atawa henteu sama sakali, antara sikep muja jeung ngahinakeun— atawa eta wanoja teh wanoja impianana, lain wanoja nu jadi dirina pribadi. Tapi sanajan kitu, eta tokoh-tokoh wanoja teh geus ‘nyarita’ -minimal ngarepleksikeunn gambaran wanoja ceuk lalaki–, nu nincak na lemahna, tur merhitungkeun kamungkinan pilihan pikeun dirina pribadi.

Beda deui jeung tokoh wanoja nu digambarkeun ku pangarang wanoja, maranehna taya lian: refleksi tina wanojana sorangan; rasana; pikiranana; aktivitasna, budaya nu dipresentasikeunana; oge kamungkinan pilihan jawaban tina masalah nu disanghareupanana. Tangtu bae, bari urang terang eta wanoja-wanoja teh tokoh sastra!

Jadi tina pedaran ieu, jelas antara pangarang lalaki jeung pangarang wanoja (tangtungan biologis atawa gender nu beda) mawa sora nu beda sanajan duanana aya dina dunya nu sarua.***

Sukawangi-Parongpong, 31 Mei 2005

 

2 comments on “Kritik Sastra: WANOJA DINA SASTRA SUNDA

  • Tangtos Ibu antawis pangarang wanoja jeung pangarang lalaki palebah nyitrakeun tokoh wanoja dina karanganana benten kacida. Saur Ibu oge pangarang lalaki mung apal wanoja numutkeun alam bawah sadarna. Sedeng pangarang wanoja numutkeun abdi mampuh ngawangun sacara langkung gembleng ngeunaan tokoh wanoja dina karanganana sabab lir ibarat nyaritakeun dirina pribadi.

  • Tinggalkan Balasan

    Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

    Logo WordPress.com

    You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

    Gambar Twitter

    You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

    Foto Facebook

    You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

    Foto Google+

    You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

    Connecting to %s

    %d blogger menyukai ini: