YAHANG ITASA? IDJAAR TAUH!

“Ni’ang, naméh idnyataneuk uk is Saép ruang Nisagar?”

“Ah amnyea (am-nye-a), Euc Iseu? Nap seug anyhanyoneu (any-ha-nyo-neu’) ruang ngeuj Is Ikeuh” –bari ngisaratan ku juru panonna ka palebah kabogohna nu anyar nu diuk gigireunana.

Kitu kira-kira obrolan indung jeung Bi Ninang nu geulis, bibi ti gigir, waktu kuring kelas genep SD. Harita mah teu ieuh diperhatikeun, keur mah teu ngarti naon eusi obrolanana katambah sora-sora nu kakuping téh ukur siga wirahma dina ceuli kuring. Atawa obrolan indung jeung Bibi nu rek ka ondangan, kieu geura:

“Yahu tauh!” ceuk indung

“Ek leuha, tiu dubak lemong-an ka ideu abe!” Ka budakna, Si Dacep nu rada ogo. Sanggeus budak anteng lalajo tivi, Bibi teh ngahayukeun ka indung.

“Yahu!” cenah bari lalaunan ngaleos ngaliwat ka panto dapur.

“Ih, nemi raharese! Sat idwaba eut?”

“Yieu (yi-eu)!” ceuk Bibi.

Tapi éta basa nu anéh téh terus baé kakuping jeung kapanggih dina kahirupan kuring lantaran kulawarga maké éta basa. Indung, ua-ua, bibi-bibi, mamang-mamang, bibi ti gigir, ua ti gigir, mamang ti gigir, jeung baraya-baraya nu deukeut, malah barudak ngora tatangga di lingkungan kulawarga (babaturan ulin bibi-mamang), maraké éta basa.

Lantaran ngan kulawarga kuring wungkul nu kabeneran dumukna di Desa Nagrak beulah kulon nu bisaeun basa kitu, nya sok disebut basa ‘urang Nagrak Kulon’ –atawa ‘basa urang Kulon’, cenah. Nepi ka aya kageuhgeuyan, lamun nganjang ka mana-mana, kabeneran bibi jeung ua ngomong kitu, misalna. Eta mah babaturan bibi nu dianjangan téh geus nyahoeun deui, cenahna gé: “Tah… basa  urang Kulon kaluar!”.

Tah lamun aya nu ngomong kitu, kuring sok ti déngdék-déngdék wé ngadéngékeunana. Hayang ngarti tapi ogé sebel, da garancang ngomongna, jadi hésé dicangkemna. Tungtungna mah sok akey-akeyan jeung Ibi Ayi (almarhumah, nu sok diutuh-etah ku Nini, sok nyimpang heula ka imah Nini upama balik ti masigit, bada Isya) nu sok diheureuyan ku Ua Edi. Eta ua nu hiji sok ngahaja ngajak ngomong ku basa anéh jeung bibi atawa indung lamun ngaheureuyan Ibi Ayi.

“Tah… tah… tah… Cép Edi mah, basa nanahaon éta téh? Naon, Cép? Lukub usuk? Usuk eréng meureun? Hi…hi…ha..ha..” tungtungna seuri kokoséhan bari nyekelan samping lalayu sekarna (emh, mugi ditampi iman-Islamna, amin).

Geus SMP, kuring rada ngarti kana kagunaan éta basa anéh teh, horéng basa rusiah, basa sandi. Basa sapopoé nu ngahaja dibulak-balik cara ngomongkeunana, sangkan nu séjén teu ngartieun dimana aya hal nu kudu dijéntrékeun. Tapi harita gé, kuring can bisa ngajabarkeun rumusna, jadi angger teu bisa ngomong najan ngarti saeutik-saeutikeun mah, misalna waé: udit, yahang, luin, namdi, yahangneu, jeung nu gararampil séjénna.

Tah, lantaran teu bisa ngomong jiga indung, ua, bibi, jeung mamang, kuring di SMP maké basa anéh nu leuwih gampil jeung babaturan, utamana mah jeung anak Ua nu sarua di SMP. Rumusna ieu mah gampil tibang maké sisipan peu, tapi ripuhna, lantaran maké konsonan p jeung vokal eu, alat artikulator téh (biwir, sungut, jeung genggerong) jadi cangkeul.

“Neupeuh (kapilanceuk téh ngaranna Erneu ngaran deudeuhna Neuneuh, lamun paséa teh gampil: Neuneuh keukeuh-Neuneuh keukeuh! –Kumaha di Garut daramang?), ceupeuk sipeu tapeu-eupeun popeuépeu mipeunggupeu upeurapeung bopeutropeum dipeu ipeumapeuh sipeu Epeulapeu.” Ceuk kuring bari nyeuseuh di pamandian masjid.

“Apeuripeu Cipeucipeu (ngaran deudeuh kuring Cici, lamun paséa jadi Goci) mipeulupeu mopeuapeul? Lapeumupeun mopeuapeul, nyapeu Neupeuneupeuh opeugepeu mopeuapeul, dapeu papeustipeu bapeupapeu napeunyapeukeupeun Cipeucipeu!” Kitu ceuk Neuneuh.

Pasti kuring kudu milu, da lamun moal, Ua Erman pasti curiga, ua ieu mah galak nian! Mangkaning kapilanceuk téh hayang panggih jeung si taeun, aku-akuanana.

Bi Lilis (adi indung, nu harita mahasiswa di Sukabumi) kabeneran ngaliwat, ngadangueun, tuluy noong ti luhur témbok. Pok manéhna mairan: “Tah, peureup buleud beuleum peuteuy!” cenah. Key kuring tiluan seuri mani nikmat.

“Atuda hésé basa nu Bibi mah.” Ceuk kuring jeung Neuneuh.

“Karunya, nya!” cenah bari ngaléos.

Waktu SMA, kuring geus bisa maké basa aneh téa, najan teu mahér jiga indung jeung nu séjénna. Tapina… ari geus bisa, éta basa téh tara dipaké da tuluy indit ka Bandung.

Kiwari, kuring sok ngarasa sono hayang ngobrol maké éta basa, komo lamun inget kana kajadian-kajadian kawas nu dicaritakeun di luhur, nu genep belas taun  kaliwat ti kuring di SMP tea. Tapi ngobrol jeung saha? Maenya kudu jeung blumkol nu rampak di kebon tukangeun imah mah, hé…hé…. Ari rék jeung Kang Angun aéh Kang Darpan, moal nyambung da puguh jauh… di Garut, teu asik deuih lamun di-SMS-keun mah. Nya keur ubar sono téh –ka lembur utamana mah–, kuring nuliskeun hal ieu.

***

Geuning nu disebut basa anéh atawa basa urang Nagrak Kulon téh, dina kajian ilmiah mah unggelna téh aya dina kajian sosiolinguistik. Hiji kajian nu merenahkeun kalungguhan basa jeung panyaturna di masarakat. Basa nu dicontokeun téh minangka Slang, tina variasi basa nu sakitu variatifna. Jeung enya deuih, fungsina téh keur ngunikeun hiji hal kalayan rusiah ti hiji jalma ka jalma nu diajak nyarita ti jalma séjénna atawa ti hiji kelompok ka hiji kelompok séjénna kalayan rusiah pikeun kelompok masarakat di luar éta dua kelompok.

 Nu jadi kaagul kuring, geuning basa Sunda ogé bisa jadi basa Slang. Basa Sunda téh bisa dirugal-rigel, digulak-gilek, dipulay-peloy bari tetep komunikatif, malah leuwih ekspresif. Mémang, Slang nu diuningakeun ku kuring mah ukur dua –boa aya nu sarua persis jiga kitu, nya?— tapi yakin, réa; loba; diparaké; kénéh basa Slang lianna nu hirup di masarakat Sunda, boh di kalangan rumaja boh di kalangan rumaja daluna –rumaja baheula nu kiwari jadi nini-aki atawa indung-bapa. Dina situasi nu intim, pasti éta basa Slang téh diparaké ku Slanker-slankerna bari tepak-seuri gogonjakan atawa daria pinuh muslihat atawa deuih sléngéan gégéloan. Mun ceuk budak ayeuna mah basa gaul, basa gaol. Basa nu ngundakkeun harga dina lingkungan nu husus.

Tuluy… ieu mah ngalamun, kumaha nya upama nyieun sajak maké basa urang Nagrak Kulon? Atawa nulis carpon maké basa Slang? Tangtu, nu kabaca téh… cangkeul ngéjahna cangkeul kerungna. Ukhama Ngak Dogi? I Simm Ouy! Ngak Wahé ukanon (uk-a-non) abeud awé ak Ic hét? Meureun saur Kang Hawé téh: Teu ngartos ah. Matakna, Yahang itasa (it-a-sa)? Idjaar tauh (ta-uh)!

Sot leuha ah! Tahunpen ruang Ganrak, gumi luah denbu sabaan diemtrakneuk (id-em-trak-neuk) id Lamnge’. Hatur salam sonona, mugi daramang sadayana.***

                                                                     

                                                                         Parongpong, 24 Séptémbér 2004    

(Esai Chyé Rétty Isnéndés dimuat dina Mangle 2004)

Harti Kecap

“Ni’ang, naméh idnyataneuk uk is Saép ruang Nisagar?”

“Ah amnyea (am-nye-a), Euc Iseu? Nap seug anyhanyoeun (any-ha-nyo-eun) ruang ngeuj Is Ikeuh”

(“Ninang, manéh ditanyakeun ku Si Asép urang Sinagar?”

Ah maenya, Ceu Euis? Pan geus nyahoeun urang jeung Si Ieu”)

 

“Yahu tauh!” ceuk indung

“Ek leuha, tiu dubak lemong-an ka ideu abe!” Ka budakna, Si Dacep nu rada ogo.

“Yahu!” cenah bari lalaunan ngaleos ngaliwat ka panto dapur.

“Ih, nemi raharese! Sat idwaba eut?”

“Yieu (yi-eu)!” ceuk Bibi.

 (Hayu atuh!” ceuk indung

Ke heula, itu budak melongna ka dieu bae!”

“Ih meni hararese! Tas dibawa teu?”

Ieu!”)

Lukub usuk (Kulub suuk)

 

“Neupeuh (kapilanceuk téh ngaranna Erneu ngaran deudeuhna Neuneuh, lamun paséa teh gampil: Neuneuh keukeuh-Neuneuh keukeuh!), ceupeuk sipeu tapeu-eupeun popeuépeu Mipeunggupeu upeurapeung bopeutropeum dipeu ipeumapeuh Sipeu Epeulapeu.” Ceuk kuring bari nyeuseuh di pamandian masjid.

“Apeuripeu Cipeucipeu (ngaran deudeuh kuring Cici, lamun paséa jadi Goci) mipeulupeu mopeuapeul? Lapeumupeun mopeuapeul, nyapeu Neupeuneupeuh opeugepeu mopeuapeul, dapeu papeustipeu bapeupapeu napeunyapeukeupeun Cipeucipeu!” Kitu ceuk Neuneuh.

(Neuh, ceuk si taeun poé Minggu urang botram di imahna Si Ela.”

Ari Cici milu moal? Lamun moal, nya Neuneuh ogé moal, da pasti bapa nanyakeun Cici.”)

Ukhama Ngak Dogi? I Simm Ouy! Ngak Wahé uk anon abeud awé ak Ic hét? Meureun saur Kang Hawé téh: Teu ngartos ah. Matakna, yahang itasa? Idjaar tauh (ta-uh)!

(Kumaha Kang Godi? I Miss You! Kang Hawé ku naon baeud waé ka Ci téh? Meureun saur Kang Hawé téh: Teu ngartos ah. Matakna, hayang tiasa? Diajar atuh!)

 

Sot leuha ah! Tahunpen ruang Ganrak, gumi tenheu denbu sabaan idemtrakneuk idan Lamnge.

(Tos heula ah! Hapunten urang Nagrak, mugi henteu bendu basana ditemrakkeun dina Mangle.)

8 comments on “YAHANG ITASA? IDJAAR TAUH!

  • Ceu Retty…. Nyaan cangkeul macana, tapi eta ku bodor mun ngupingkeun, pasti bakal akey2an… Kos ah mareneuk id UPI… Gusan tauh ngadanyu… ***hahhahaha ngasaaalllll…. (Sok ah ramekeun di UPI, sugan atuh ngadunya…. )

  • Tinggalkan Balasan

    Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

    Logo WordPress.com

    You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

    Gambar Twitter

    You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

    Foto Facebook

    You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

    Foto Google+

    You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

    Connecting to %s

    %d blogger menyukai ini: