JUDUL-JUDUL SAJAK DINA BUKU KIDANG KAWISAYA

KIDANG KAWISAYA

Antara dua dayeuh, aya kidang kasamaran
luluncatan tina areuy ka areuy
Tina rungkun ka rungkun sasab ka leuweung
gedong geledegan
--Dimana padumukan awaking?

Antara dua dayeuh, aya kidang juuh cimata
kasarung inyana kasarung. Ngaliwung kalempohan
ka panonoban manusa
--Ka mana awaking lunta?

Antara dua dayeuh, kidang kalimpudan deudeuh
lantaran hirup mah geuning pinuh ku pangreka
--Awaking kebat ku sandekala

1996


Judul-judulna sanesna:

SILUET

Kawih jeung Dunga

Siluet

Ngaca-ngaci

Bagea Sawawa

Neangan

Harepan

Kasumba Kuring

Munfarid ‘na Mumunggang Sepi

Keueung

Lagu Paturay

Lagu Hirup

CINTA KURING

Malati ti Sukabumi

Gelenyu

Hiliwir Asih

Kemba

Gladiul Kasumba 1

Gladiul Kasumba 2

Aci-acining

Honeng

Katambias 1

Katambias 2

Ririh Fenomena Ririh

Cecendet Mande Kiara

Dadali

Brangta

Fatamorgana

Pajaratan Rasa

Dunya nu Brangta

Prasasti

Di Leuweung Pineus Papandayan

Pengkolan ka Isola

Basisir Pamayang

Bulan di Pamarican

Eta Soca

Cinta Kuring

Asih teh Aheng

Laela Majenun

Hujan di Kebon Raya 1

Hujan di Kebon Raya 2

Emut Bulan Imut

Hujan

Cangkuang Situ Cangkuang

Lirik Alam Kuring

Situ Bandung Situ Patenggang

Sareupna Lebah Ciwidey

Kidang Kawisaya

IMPRESI BULAN

Bandung-Garut

Halimun Bajra

Tutugan Panglawungan

Kabel-kabel Pasuranteng

Kontras Citarum

Bulan Tok

Museum Geusan Ulun

Catetan Sajarah

Lambak jeung Sagara

Impresi Bulan

Parakan Ceuri Memories

Lalakon di Gunung Padang

Liliwatan Cianjur-Sukabumi

Ujung Genteng Surade

Jati Aing

Oyag

Riuk-Rocet

Hirup

Rasa

Riwan

Ya Romadon

Laelatul Qodar

Kacamata

Hujan Panyawahan

Puisi

Sajak

Cikahuripan

Indung

Riwan Purbararang

Sajak Samporet

Sawer

Batara Kala

Camara di Kampus Tonggoh

Cordoba

Vacation in Mount Stick

Subang, Agustus 1997-1

Subang, Agustus 1997-2

Aweuhan Kangen Leuleuweungan

Mumas

Samoja Kembang Samoja

KINGKILABAN INDONESIA

Mupusti Asih Ngarengga Rasa

Aworna Ciciptan dina Geter Kasundaan

Geter Pitaloka

Paduraksa

Wirangrong Kamerdekaan

Pulitik di Bumi Putih

Bojongkokosan

Panji

Nimu Koran Sisi Jalan

Di Satengahing AbadKamerdekaan

Parodi Monyeter

Katalimbeng Tawisan Salaput Hulu

Kingkilaban Indonesia

Mieling Kingkin Pertiwi

Dunga Hiji Sundadika

Umbul-umbul Dalapan Panji

3 tanggapan untuk “JUDUL-JUDUL SAJAK DINA BUKU KIDANG KAWISAYA

  1. Ah rumaos tacan kantos maos buku ieu, janten “no coment” mung tangtos eusina rupina munel… salut lah ka Ibu..

  2. Assalamu’alaikum wrwb.
    Salam wanoh ngalangkungan ‘dumay’, ibu.
    Saparantosna aya internet, abdi sering ‘marakayangan’, kageuing deui karesep mangsa sakola, nyaeta maca sajak. Kantos abdi janten juara sa-kecamatan Darangdan, Kab. Purwakarta. (Ah…na nu kitu-kitu wae diagulkeun. hehehe…). Nya diantawisna sok nitenan tur kutrat-kotret dina internet.

    Kitu we, di ajar pakokolot…Ayu nu masihan jempol (like/suka), tapi aya oge (malih seuseueurna) teu masihan jempol alias ‘cuek sajah’…

    Maca Kidang Kawisaya diluhur, abdi janten hoyong ngagaduhan bukuna. Malih tadi ge ningal dina youtube internet, ibu tos ngadamel buku sajak nu kadua: Nu Nyusuk Dina Sukma.
    Wilujeng!

    Seueur anu teu uninga, rehna para ulama kapungkur, dina da’wahna sok ‘nyelapkeun’ sajak (sya’ir), kalebet Imam Syafi’i, Imam Nawawi sareng nu sanesna. Malih para walisongo oge aya riwayat ngagutretkeun ‘kidung’ atanapi dangding nu unina umajak ka sakumna jalmi sangkan ngaronjat kana kataqwaan. Para ulama, aranjeunana “jawara” dina ngadamel sajak (sya’ir), tangtos we, da Basa (‘Arab)-na faseh pisan ulama mah.

    Lajengkeun berkarya, bu! Iraha-iraha insyaAllah bade ngagaleuh eta buku. Sakali deui: Wilujeng tina sagalarupi prestasina. Haturnuhun…!

    Cag…! Wassalam…
    Facebook: MOHAMMAD RIDWAN TRIJANA

Tinggalkan komentar