CONGKOK

Dimuat dina PR tanggal 17 November 2016 

14441137_1222392857782202_3802744553733403417_nSabagian urang Sunda masih terangeun kana sato méong congkok. Méong congkok téh méong leutik saluhureun ucing. Awakna nya leuwih gedé ti ucing kampung, nyarumputna sok diantara tangkal congkok nu ngarimbun handap. Panonna nu buringhas nandakeun sato jarah (liar) sato leuweung. Tara aya nu ngukut méong congkok, malah sok dibibira upama ngalanto ka lembur gé, da sok maling hayam upama kalaparan.

 

Tina ngaranna, urang Sunda ngantetkeun dua pangaweruhna, nya éta kana sato nu diidéntifikasi saperti ‘méong’ (maung, ngan leuwih leutik) jeung kana tutuwuhan ‘congkok’ nu mirupa palem jeung kaitung tutuwuhan rungkun. Tina segi basa, urang Sunda kawuwuh dibekelan pangabisana ku Nu Maha Kawasa, nepi ka beunghar pisan ku kecap, nya diantarana ngumpulkeun kecap-kecap nu sawanda nu akar kecapna sarua. Geura tina kecap congkok, aya deui nu sawanda: ngokok, mangkok, betekok, borokokok, jrrd. nu upama dibaca harti kamusna aya akar kecap kok nu ampir sawanda hartina  nya éta museur dina tempatna baé.

Memang saperti kitu ayana, congkok kapan daunna semu ngaguliweng museur ngamangkok bari jadina gé ngarungkun ngarimbun dina lokasi nu saamparan. Daunna saperti palem tapi bisa dimangpaatkeun keur mungkus, kembangna karonéng laleutik, jadina di handap upihna.

congkok-alusDaun congkok (Moliera capitullata) nu rubak téh dimangpaatkeun ku urang Rancakalong Sumedang pikeun mungkus adonan laksa dina upacara adat mapag ngalaksa, uapacara mapag panén. Upama Sadérék kabeneran miluan ieu upacara, di désa wisata Rancakalong, di saung panggodogan ngabrubrug beungkeutan daun congkok nu diala ti gunung sataun sakali. Nu ngalana gé teu sagawayah jalmana tapi palaku budaya nu dipancénan husus.

Ngala jeung mawana ti gunung ati-ati pisan, lantaran kapan pikeun sinjang nyai. Coba étah nyebutna gé sinjang nyai (Pohaci Sri). Pangajén nu sakitu luhurna ti masarakat tradisional kana alamna, sikep nu kudu diaprésiasi jeung ditapsirkeun minangka dina kaati-atian urang Sunda dina ngalungguhkeun sagala rupa hal pikeun kasaimbagan hirup di jagad raya.

Sabaraha lambar daun congkok nu dialana? Nu dialana ngalap kana itungan salaksa: 10.000 lambar. Kitu dina itungan tradisional mah, sanajan nu kapaké mungkusna mah ukur 5000-7000 lambar daun, lantaran dina prungna upacara aya daun nu gagal dijieun bungkus. Rupa-rupa waé paktorna mah: aya nu soéh daunna, aya nu kasoéhkeun ku nu mungkusna, aya nu gagal baé da nu mungkusna teu bisaeun (kakara diajar; kakara miluan dina éta upacara) nepikeun ka kudu merelukeun sababaraha daun pikeun percobaan mungkusna.

270544_233909669963864_8093452_n

Pangna daun congkok dijadikeun pamungkus adonan laksa lantara ieu daun téh (nu meujeuhna umurna) teu gancang ragas jeung rada liat, jadi ngagampilkeun dina prosés mungkusna. Kapan mungkusna gé aya téknik husus nu can tangtu manusa-manusa modéren kiwari bisaeun migawéna, da geus dibiasakeun bubungkusan téh ku palastik atawa kérésék.

Numutkeun Aki Atang, kasepuhan ti Cibunar, asalna mah ngalaksa nu hirup di masarakat téh dilaksanakeunna 3,5 taun sakali (maju taun kaopat), teu cara kiwari sataun sakali lantaran diadopsi jadi objék wisata ku Pémda Sumedang. Ngala bahanna gé gampil da ngajabreg di leuweung.

Tina sisi kahirupan tangkal (pelestarian hayati), ieu jangka diayakeunana upacara ngalaksa nu diatur ku masarakat tradisional téh kacida hadé jeung rasionalna, lantaran méré dangka pikeun daun congkok tuwuh jeung mekar di leuweung tanpa digunasika ku leungeun manusa. Atuh ékosistemna gé jadi kajaga, méong congkok gé bakal boga pangulinan jeung habitat nu pikabetaheun di leuweung, moal nepi ka turun ka lembur. Hal ieu némbongkeun beungharna alam hayati urang Sunda nu dijaga ku sikep-sikep masarakat tradisional nu wijaksana jeung maliré alam sabudeureunna.

Nalika ngalaksa dipaksa pikeun nedunan ambisi wisata nu patali jeung pendapatan daerah (duit), tangtuna gé aya sistem nu ruksak kudu dikorbankeun, diantarana ekosistem hayati: daun congkok nu dipaksa diundeur unggal taun pikeun kapereluan upacara. Di sagigireun ti éta, kapan lain daun congkok waé nu diperelukeun dina éta upacara téh tapi deuih daun cariang (Homalomena cordata), jeung tangkal honjé; combrang (Nicolaia speciosa), nu sarua diala ti leuweung sataun sakali.

 

Foto-foto beunang Chyé Rétty Isnéndés, foto méong congkok dikirim ku Kang Oman.

 

Iklan
%d blogger menyukai ini: