TUTUWUHAN UBAR SABUDEUR URANG

: Chye Retty Isnendes

(Ieu esai dimuat dina Cupumanik edisi Maret 2011)

 

Tina Pangalaman

Waktu kuring leutik keneh, sok dibabawa ka sawah ku aki jeung nini. Hiji mangsa waktu ngadagoan kolot-kolot magawe, kuring naek kana tangkal palanding (peuteuy selong) gigireun saung, niat teh rek eundeuk-eundeukan. Acan ge nepi kana nu pangluhurna, suku nincak dahan leutik tuluy sempak. Teu antaparah deui kuring labuh bari tikakarait terjun ka handap. Suku jeung leungeun meni barared, kulit cakcakan jeung getihan, kuring puguh bae ceurik da nyeri.

Nini teu ieuh riweuh, antare ngarabut babadotan. Milihan daun-daunna nu rarubak tuluy crot-crot diciduhan, laju digesek nepi ka kaluar caina. Pel, pel, ditapelkeun kana nu raheut. Peurih tapi tiis. Ceurik kuring eureun tuluy ulin deui ngeletrek.

Ari Mang Sarhindi (panyawah) mah beda deui, waktu dampal sukuna beunang ku pacul. Manehna tuluy hanjat muru pancuran, sanggeus beresih, mipit pucuk eurih sababara lambar. Tuluy digulungkeun sagede seupaheun, wel disamualkeun tuluy digayem nepi ka lembut. Geus lembut, dikaluarkeun, caina dipeureutkeun kana nu raheut dewangna. Hampasna dipake ngaberesihan sesa-sesa getihna. Tuluy naruk deui pucuk eurih nu sejenna, digayem deui, geus lembut dipokokeun kana nu raheut nu geus beresih, ditalian weh ku gebog cau keur parebanna.

Waktu umur dalapan taunan. Ulin teh sok jarambah ka sawah ka kebon, jeung babaturan tangtu. Manggih cai seke diinum, manggih jambu dipa didahar, sarua babaturan ge. Saminggu ti harita babaturan cebew biwirna, panas di jero, sariawan. Sisi-sisi biwirna raraheut, mun ka masjid sok dibiruan ku ubar ti puskesmas. Waktu ulin, ua teh ngomong: “ku eta geura ku bobodas tukangeun daun cau, Yanti! Pek dioleskeun.”

Babaturan nurut daekkeun. Daun cauna di kebon nini dipelengkungkeun ku kuring meh kahontal ku babaturan. Pel curukna kana beuteung daun cau, olesss manjang, aya tapakan dina beuteung daun cau tanda bobodasna napel dina curuk babaturan. Ledak-ledak di kana tungtung biwir kenca-katuhuna. Nepi ka bararodas. “teu peurih, da”, kitu ceuk babaturan. Unggal sore, kituna teh. Teu mangkuk saminggu, cageur tah cebewna.

Adi kuring bisul dina tuurna. Duka teuing ku naon ujug-ujug pelentung. Tapi teu gede ngan nyanyautan cenah. Ceuk nini, meh tereh asak, dibalur ku bawang bodas. Tuluy kuring nyokot bawang bodas dua sihung tina ayakan nu digantungkeun ku nini luhureun hawu, ku bibi dipekprek kana coet ku mutu. Geus rada lemes tuluy diledakkeun kana bisul adi . Tilu isuk kitu we hayoh, nepi ka bisul teh beureum bijil panonna. Kari mejrelkeun bae…

Eta mah Ua H. Erman, sampenana sok leuncangeun we hayoh. Tara Ua nu ieu mah ka sawah, beda jeung rayina, Ua Edi nu nalang aki ngaroris sawah & kebon. Bakat ku pusing hayoh wae leuncangeun. Ku Ua istri dipangulekkeun bawang beureum. Ua gogoakan dugi ka cireumbay bakat ku panas jeung peurih. Garing, dolewakkeun deui kana sela-sela ramo sampeanana. Goak deui. Dua kali ngadolewakkeun, garing tah si leuncangeun teh. Damang atuh. Dugi ka kiwari 30 taun ti harita, tara kungsi Ua leuncangeun deui.

Bibi, harita mah dinesna can di Bandung. Putrana nu cikal umur tilu taun ngompol wae. Bibi gaduh maksad hoyong ngeureunan supaya teu ngompol. Hiji dinten nyandak sagagang tangkal reundeu nu aya keneh pucuk sareng kembangna (bareureum kincup kembangna teh). Bada isa, bibi ngagedog putrana, bari ngawih. Ngagedog teh suku budak diangkatkeun ka luhur duanana bari rada diayunkeun. Tuluy dikawihan:

Pecang-pecing beulah hoe
Ulah ngising ulah kencing tengah peuting
Mending oge tengah poe

Popotongan tangkal reundeu teh tuluy si kembangna dikeprak-keprakkeun lalaunan kana larangan budak. Meunang tilu balikan (ngagedog, ngayun, ngawih, ngeprakkeun reundeu masing-masing 3x). Tuluy calana budak teh dipakekeun deui. Berekah ti harita, putra bibi tara ngompol deui. Ayeuna mah tos PNS tuh di Banten tos batian tilu.

Perkara reundeu ieu nyambung kana dongeng ti bibi. Ieu mah sabalikna. Upama kembangna tadi bisa ngeureunkeun ngompol budak, lalaban daunna atawa godoganna mah justru ngalancarkeun jeung nyageurkeun jeungjeuriheun kahampangan mamang (caroge bibi). Memeh kulem, bibi nyicikeun cai godongan kana emuk mamang, sagelas dileueut dugi ka seep. Enjing-enjing, siang, jeung bade kulem dileueutna teh. Teu tilu dinten, mamang damang tina jeungjeuriheunana.

Boga bibi teh dua, katilu indung. Eta tiluanana teh resep pisan kana lalab, utamana mun manggih daun jambu mede. Pasti rigil weh taya pucukan. Jeung deuih pucuk gedang ge pasti dijarah, da eta mah pasanganana. Daun jambu mede digulung-gulung jeung pucuk daun gedang, coelkeun weh kana sambel tarasi, emh raosna, pait-pait kesed. Sanggeus kawin, kakara kaharti, yen eta teh salian ti lalab oge…ubar pikeun istri supados raos saurna. Maksudna mah henteu keputihan nu nyababkeun seueur leuleueur dina rarangan istri.

Aya gantina eta mah salian ti daun jambu mede pleus pucuk daun gedang: pucuk baluntas atawa koneng atawa cikur. Pucuk baluntas mah salian ti ubar istri oge ubar bau awak deuih, dilalab we coel sambel atanapi nu kolotna digodog dileuhang. Tah ubar bau awak aya deui: mandi ku cileuhang seureuh. Cileuhang teh: nya eta godogan dangadaun, tuluy dipake mandi. Aya oge ukur diala saabna, carana cai godongan nu panas tur haseupan keneh teh dikurumun ku sarung/samping, sangkan haseupna (saabna) kana awak urang. Ngaleuhang cara nu kadua biasana pikeun ubar teu ngareunah awak, sangkan kaluar karinget jeung hambarna tina awak urang.

Ari perkara daun seureuh, tong dicatur deui kumaha hasiatna. Salian ti keur bau awak ge, pan keur bau baham atawa sariawan. Digodog dikekemukeun tah. Teu pati beda jeung daun saga areuy nu bisa digayem salian ti digodog jeung daun seureuh pikeun sariawan. Amis daun saga areuy mah.

Kaweruh ubar kampung nu nyampak teh beuki loba wae sanggeus rumah tangga mah. Mimiti waktu geus ngajuru. Indung pangagodogkeun dangdaunan, utamana seureuh, kumis ucing, saga areuy, jeung jawer kotok pikeun diinum jeung dipake ngawasuh larangan nu masih keneh nipas. Saurna pikeun meureut, ngaberesihan, jeung ngagaringkeun raheut di jero; rahim; kandungan urang.

Indung ge pesen tutuan kakacangan pikeun ngaurukeun getih kotor dina kandungan. Ceuk indung, nini ge sok kitu sok pangmesenkeun eta waktu indung boga orok (enya da kuring ge sok milu ngadahar baheula). Eta tutuan kakacangan teh bahanna di antarana: suuk, kacang beureum, kacang kedele, siki jaat, siki roay, nu geus disanggay. Geus kitu ditutu dina jubleg bari dibungbuan: uyah, gula beureum, cikur, jeung cengek saeutik supaya haneut. Bari nungguan orok teh bari kukurukukan ngagayem tutuan kacang da sok masih keneh aya nu baradag teu nepi ka lembut nutuna.

Tah, waktu cisusu saat, wajib dahar jeung angeun daun katuk nu diherang atawa tumis pucuk daun jeung kembang gedang gandul. Lalabna kudu koneng atawa cikur, supaya teu hanyir darah nu kaluar teh. Lamun pinareup ngabegegel kudu ditinggur cenah lalaunan bari diselipan daun nangka, supaya cai susuna kaluar tur pinareupna teu bareuh jeung nyeri.

Kaalaman oge kumaha peuting-peuting hudang nyiksik/ngarendos bawang beureum tuluy dicampurkeun kana minya keletik (minyak bayi ayeuna mah) atawa kayu putih. Eta campuran teh ubar pangrerep nyebret budak lamun gering panas. Tina embun-embunan budak dibalurna, kabeh sakujur awakna, tuluy nepi ka dampal sukuna. Sepre bantal guguling nya puguh bau bawang, teu dipalire ieuh, nu penting budak cageur. Mun can rerep wae, ku daun paria. Digelang jeung minyak tuluy dibalurkeun. Emh waas. Asa can apdol mun budak gering teu dibalur bawang teh, najan ubar dokter mah geus tangtu.

Kaalaman deuih waktu aya kahayang buuk budak gomplok jeung hideung. Ku daun seledri eta mah digelang dicaian tuluy dibalurkeun kana sirah jeung pibuukkeun budak.

Waktu budak ditojos ceulina, nyieun liang piantingeun, indung beurang teh nojoskeun heula anting emas atawa jarum kana koneng, cenah mah sangkan teu titanus.

Umur budak maju ka 40 poe. Bapana budak bungah, pamajikanana rek mahinum. Indung budak teh meunang ayeuna mah ngalalab leunca atawa takokak, malah dipangulubkeun atawa pangolekkeun waluh gede sagala, sangkan… ngahudang sumanget atawa ‘gairah’.

Kamari 2010, labuh tina motor. Tangtu bae suku misalah, tuur bareuh teu mangrupa sagede nanahaon da nahan kana aspal. Indung rurusuhan datang ka Bandung, bari mawa bebekelan: tutuan beas-cikur. Ku kanyaah indung, eta tutuan beas cikur teh ditinyuh ku cihaneut tur saban usik dibalurkeun ka nu tatu bari diurut. Dua minggu, Alhamdulillah bisa leumpang biasa deui.

 

Tina Panalungtikan

Perkara uubaran kampung, geus teu aneh deui sabenerna mah. Ayeuna loba kapan buku-buku resep obat tradisional, utamana resep Jawa nu sok dijadikeun ukuran dina ubar tradisional (jajamu). Urang Sunda nu nulis perkara patalina lalab jeung hasiatna, taya lian ti H. Unus Suriawiria dina bukuna Lalab dalam Budaya dan Kehidupan Masyarakat Sunda (Granesia, 1987) jeung Lalab untuk Kesehatan dan Kebugaran (Rumah Makan Ponyo dan SKM Mitra Desa, 1994). Salian ti eta aya buku Pengobatan Alternatif ala Baduy beunang Johan Iskandar & Budiawati S Iskandar (Humaniora, 2005). Tapi samemehna, taun 80-an Mangle geus midangkeun rubrik perkara ubar-ubar tradisional.

Tina sawatara pangalaman jeung tina hasil panalungtikan samemehna jeung tina hasil panalungtikan panulis, nyambungna perkara tutuwuhan Sunda teh dina segi kamangpaatana jeung dina ngaran-ngaran lokalna (ngaran-ngaran Sundana).

Nu kapendak dina panalungtikan nu dilaksanakeun taun 2009-2010, aya babagian tutuwuhan nu dimangpaatkeun ku urang Sunda, kayaning bagian: akar, hui; beuti (umbi), tangkal (batang), daun, kembang, jeung buah.

 

Kategorisasi Flora Sunda

1. Akar (rimpang) jumlah 28

2. Hui; beuti (umbi) jumlah 38

3. Tangkal (batang) jumlah 334

4. Daun jumlah 236

5. Kembang jumlah 106

6. Buah (siki) jumlah 317

Jml sagemblengna: 1059

Ieu jumlah teh, jumlah tina data nu tina segi kamangpaatana bisa asup ka dua, tilu, atawa opat bagianana. Misalna wae: eurih. Eurih bisa dimangpaatkeun, salian ti akarna oge daunna. Kitu deui cangkudu, salian ti buahna, oge daunna bisa dilalab tur dijadikeun ubar mah (maag). Jadi, salian ti kasabit dina buah, oge kasabit deui dina daun.

Tah, sawatara tutuwuhan pikeun ubar di sabudeur urang, urang tabelkeun bae supaya gampil macana.

1. Antanan

Daun

Nambahan rewog dahar, ubar hareeng, bronhitis, utah getih, irung getihan (mimisan), diabetes

2. Bayem cucuk (Senggang)

Daun/pucuk

Bronchitis/nyeri dada

3. Awi

Tangkal ngora (iwung)

Ubar liver, utamana awi koneng

4. Babadotan

Daun

Ubar raheut

5. Baluntas

Daun

Ubar hareeng, ubar bau awak/baham, ubar kulit, disentri

6. Balingbing

Buah

Hipertensi

7. Balingbing/calingcing wuluh

Daun

Nyeri beuteung, encok, hipertensi, diabetes mellitus,

Buah

Batuk, hipertensi, diabet

8. Bawang beureum

Beuti

Hareeng, leuncangeun, asup angin

9. Bawang bodas

Beuti

Bisul, ngalancarkeun aliran darah

10. Bonteng

Buah

Sariawan, ngalancarkeun ASI, ngalemeskeun raray

11. Cangkudu

Pucuk & buah

Ngahampangkeun gawe hamperu, ginjal, diabet

12. Calingcing jukut (leutik)

Sakabehna

Hareeng, disentri, ngalancarkeun hed, hipertensi

13. Cau kulutuk

Buah/siki

Radang selaput lendir usus, ngaberesihkeun getih kotor

14. Cikur

Daun/rimpang

Radang lambung, asup angin, nyeri sirah, batuk, diare, ngalancarkeun hed, ngalangsingkeun.

15. Cereme

Daun/Buah

Hipertensi

16. Combrang

Kembang

Bau awak/baham, nambahan nafsu dahar

17. Daun dewa

Pucuk

Hipertensi, tumor, ngeureunkeun getih nu kaluar

18. Eurih

Daun, akar

Raheut

19. Gedang

Daun

Nguatkeun sekresi hamperu, hareeng nahun

Buah

Ngagampilkeun miceun

Akar

Ginjal

20. Gelang

Sakabehna

Radang selaput lendir

21. Handeuleum

Daun

Melepuh/kulit kabeuleum, Wasir

22. Hantap

Daun

Panas, panas di jero

23. Hiris

Daun/siki

Herpes, kurap

24. Imba/kadongdong cina

Daun

Bau awak/baham, jarawat

25. Jagong

Buah ngora

Diuretikum, ginjal

26. Jambu kulutuk

Jambu, pucuk

Demam berdarah, nyeri beuteung

27. Jambu monyet/mede

Daun ngora

Kulit kabeuleum/ku cipanas, radang kulit, gula, keputihan

28. Jamblang

Pucuk

Kudis

buah

Diabet

29. Jawer kotok

Daun

Ngabersihkeun getih kotor, raheut di jero

30. Jengkol

Pucuk

Borok

Buah/kulumud/kulit kayuna

Diabet

31. Katuk

Daun, akar

Ngalancarkeun ASI, hareeng, ngalancarkeun miceun

32. Kelor

Daun

Kurap, reumatik, epilepsi

33. Katepeng

Daun

Borok, hipertensi

34. Koneng

Rimpang

Mah

35. Kosambi

Kulit tangkal, Pucuk

Borok, raheut, cacingeun

36. Kahitutan

Pucuk

Mah, disentri, nyeri beuteung

37. Kangkung

Sakabehna

Ubar ngarah sare

38. Kumis ucing

Daun, kembang

Raheut di jeo, kelamin, ngabersihkeun getih kotor

39. Randa midang

Daun

Nambihan rewog dahar, supaya teu enek, ngaleungitkeun bau awak/panyakit kulit

40. Leunca

Pucuk, buah

Nambihan rewog dahar, nambihan gairah

41. Letah buhaya

Daun

Diabet

42. Mamangkokan

Daun

Bau awak, jarawat, tampek

43. Murbey (bebesaran)

Daun

Ngalancarkeun ASI, raheut, meresihan getih

44. Paria

Daun

Liver

Buah

Ngalancarkeun ASI, nambihan rewog dahar, ngabersihkeun getih kotor

45. Peuteuy selong (palanding)

Buah/siki

Cacingeun

46. Peuteuy

Siki jeung kulumudna

Diabet

47. Puring

Daun

Hareeng, mules

48. Saga Areuy

Daun

Sariawan

Raheut di jero

49. Salam

Daun

Panyakit kotor/kelamin

50. Saladah cai

Sakabehna

Hipertensi

51. Sasawi

Daun, siki

Nyeri sirah, ngahaneutkeun awak, hareeng, reumatik

52. Solasih

Daun, siki

Nyeri kahampangan, nurunkeun panas

53. Saledri

Daun/tangkal

Hipertensi, reumatik

54. Sampeu

Pucuk

Reumatik, hareeng, nyeri sirah, diare

55. Seureuh

Daun

Sariawan, bau awak/baham, getih kotor, raheut di jero

56. Surawung

Daun, siki

Hareeng

57. Takokak

Buah ngora

Nambihan gairah, nambihan tanaga, awet ngora

58. Terong

Buah

Nambihan sumanget, ngalancarkeun kahampangan, nambihan gairah

59. Turi

Daun, buah, kembang

Nyeri sirah, nambihan ASI, ngaleungitkeun nyeri

60. Waluh gede

Buah, pucuk, siki

Nambihan ASI, obat cacing, nambihan gairah

Tutuwuhan nu bisa dijadikeun ubar teh, rupa-rupa ngadaharna. Ilaharna nu diolah disebutna jamu atawa jajamu. Dina kabudayaan Sunda, perkara ubar kalintang pentingna. Titenan dina ngeuyeuk seureuh, di dinya aya pakakas batu pipisan jeung mutuna. Batu pipisan jeung mutuna ilaharna henteu kentob jeung ngeluk, tapi rata. Eta hal teh pikeun ngagampilkeun ngolah tutuwuhan nu rek dipake ubar.

Dina ngolah tutuwuhan pikeun ubar ge kalintang basajanna tapi unik. Geura aya istilah-istilah husus dina ngolah uubaran, kayaning: diinum (ubar nu mangrupa cai), dibaheum (sangkan seungit atawa cageur nu di jero baham), dibeuweung (ampir sarua jeung dibaheum tapi leuwih lembut tuluy diutahkeun/dikaluareun deui), digesek sangkan kaluar caina (contona bae daun babadotan), disiksik (bawang), direndos (dina coet), ditutu (dina jubleg sangkan lembut), dipipis (dina batu pipisan), dileumpeuh (contona daun handeuleum keur ubar bisul), digayem (mun taya pakakas), dibura (disemprot ku ramuan ubar nu digayem heula samemehna), dicekok (dipaksa diinumkeun), dileuhang (mandi atawa mandi sauna ‘mandi saab’tina godogan dangdaunan/akar-akaran), diulaskeun (geutah bawang bodas), dipoko (ramuanana ditempelkeun kana nu raheut laju dibeungkeut), dibalur (diubaran sakujur awakna/ nu nyerina tapi diluar kulit), jrrd.

Ku kituna, perkara pentingna kasehatan di tatar Sunda geus jadi hiji hal nu utama. Batu pipisan jeung mutuna eta mangrupa karya (artefak) tina pamikiran (falsafah) cageur (-bageur-bener-pinter), tur dipateakeun dina istilah-istilah ngolah ubar siga luhur (pangaweruh jeung tehnologi basajan). Ku ditempatkeunana kalungguhan cageur dina tataran kahiji, teu mangmang deui yen urang Sunda kalintang malirena kana kasehatan. Nu tangtu bae cageur­-na dina konteks nu sampurna: jasmani jeung rohani; waruga jeung jiwa.

Tina usahana ngajaga kasehatan katiten oge kumaha patalina ngajaga kabersekaan lingkungan jeung dalitna hubungan manusa Sunda jeung alam sabudeureunana. Taya kagiatan eksploitasi, tapi nu aya ngajaga kasaimbangan alam hayati pikeun kaperluan kahirupan. Hal ieu mangrupa kearifan lokal (local wisdom) urang Sunda nu kalintang luhur ajenna.***

Cigugurgirang, 27022011

Tinggalkan komentar

Berikan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s